kang
Toto punten nya, sakaterang abdi kusnet mah memang kangge urang
sunda...atanapi anu ngaraos reueus kana budaya urang sunda (samodel kang Bowie
anu didamelna di BI anjeuna urang jawa tari reureus ka budaya sunda) malihan mah
lamun anjeuna nyarios atanapi nyerat di milis teh mani langkung nyunda ti batan
urang sundana..
janten
sipatna wajib lah di kunet ieu nyariosna kedah ku basa sunda sok sanaos bahasa
amburadul keneh oge teu nanaon...
lamun
ayeuna di kusnet nyariosna ku baha salain sunda, sanes oge Kusnet atuh , janten
tadi wa sidik miwarang milarian deui milis anu sanes teu aya
lepatna...
cag
tatan
jadi
anggota kusnet ti taun 2002
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]On Behalf Of Toto Hermanto
Sent: Wednesday, May 31, 2006 9:55 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Ya... itulah kenyataannyaSanes...diraeh...kulan....,malah dititah neangan milis bahasa Indonesia!!cik atuh bijaksana saeutik....(asa eweuh parasaan pisan ...belegug sia....)..he....he..,dikenalkeun sanes kaurang sunda wungkul....,iue mah harapan...kapayunna bakus tiasa dikenalkeun kasalain urang sunda......,ulah ngetop diwewengkon sunda wungkul...jeung di bakus....Bahasa Indonesia oge kedah dijunjung tinggi....sanes kitu?Ah...biasa ngaku urang sunda...ari geus ngobrol dihareupeun lain urang sunda mah...tetep wae make bahasa Indonesia.Beda jeung batur....teu gengsi-gengsi make bahasa Jawa atawa batak.Geus tabiatna....tara ngaku kakurangan.......kitu tah kang siddik wiro sableng....eh,,,salah...Teu kenging diusir muhun kang....wira...!!!Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Nya ari keukeuh-keukeuh teuing, embung make/nulis basa Sunda mah.sina neangan milis bahasa Indonesia.Acep Suhendi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:SalamWa'alaikumsalaam w. w.
Ya... itulah kenyataannya ada orang Sunda seperti saya tapi tidak menguasai basa Sunda, saya pernah mengajak teman dari propinsi Banten untuk ikut milis ini ternyata dia keberatan karena dia khawatir apa yang dia tulis jadi ngga nyambung bahkan bisa bikin heboh.Kuring mah cangcaya kénéh yén Kang Acép teu bisa basa Sunda. Cikan, ari Kang Acép ngartos teu kana postingan2 ti baraya lianna nu maké basa Sunda? Atawa maké antara penerjemah? Ceuk kuring mah (deui), lain ku teu bisa-teu bisa teuing, tapi seunggah maké, kalawan alesan sieun salah, jsb. Coba mun trut baé langsung nulis, moal sakara-kara geura... Kuring gé sababaraha kali ngobrol jeung urang Banten mah, teu hésé teu sing...
Mengenai data yang satu ini mohon ma'af belum bisa saya sebutkan sumbernya saya hanya bisa mengingatkan agar urang Sunda umumna hususna saya pribadi agar hati - hati dan waspada karena sudah banyak hal-hal yang menodai citra urang Sunda walaupun kemungkinan dilakukan bukan oleh urang Sunda tapi karena kejadiannya di Propinsi Jawa Barat maka urang Sunda terkena imbasnya.
Sok wé atuh dongéngkeun, ngarah kabandungan ku sadayana.
Saya merasakan sendiri betapa hebatnya usaha-usaha merusak generasi urang Sunda di kampung saya desa Gunung Sari (Gunung Salak Endah) dengan alasan kawasan tersebut adalah kawasan wisata dll.
Perkawis ieu mah geus kungsi didugikeun di ieu milis, mangga cobi bukaan arsip milis (http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/76528).
Saya sangat bersyukur ternyata umumna urang Sunda dimilis ini sangat peduli dengan budayana khususna basa Sunda itu terbukti setelah saya coba posting "penggantian akhiran" ternyata umumna keberatan semoga hal ini terjadi juga pada aqidah tauhidna.
Lain ku kaabotan2 teuing, tapi da lebah dieu mah usulan Kang Acép téh minculak. Dina enyana gé bisa, butuh waktu mangtaun2 meureun pikeun sosialisasina. Lah... kariweuh-riweuh atuh, Kang. Kalah jadi beuki hésé geura basa Sunda téh, da dirobah deui...
Tapi untuk saya pribadi selama tidak menyangkut aqidah tauhid sah-sah saja dilakukan proses inovatif, adaptif dan kreatif.
Atuh ari masalah basa mah ulah dihubung2keun jeung akidah, Kang... Kang Acép rido teu mun basa Sunda lastari alias punah sirna ti ieu dunya alatan teu diparaké deui ku urang Sunda? Kuring mah teu hayang basa Sunda kudu nepi ka kitu mah, ku kituna rék ngabiasakeun manéh maké basa Sunda, di lingkungan urang Sunda atawa di Tatar Sunda.
Basa liburan kaagamaan Kristen kamari2, Kang Acép nongton teu kagiatan urang Kristen di Cigugur-Kuningan? Hébat, ceramahna ngahaja maké basa Sunda sarta acarana disiarkeun langsung sa-Indonésia. Tuh, urang Kristen mah nepi ka kitu tarékahna sangkan hayang diaku ku urang Sunda téh. Na ari ku (sabagian) umat Islam mani dimomorékeun pisan basa Sunda téh? Padahal, basa indung téh mangrupakeun pakarang anu matih pikeun meruhkeun rasa haté hiji bangsa. Meureun... (walah euy...)
--
jk
kumincir.blogspot.com
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org
SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

