Baraya,
 
Mimitina mah kadorong ku urut nyiar bahan tulisan si kuring sabalad-balad keur Warta Geologi,  buletin dua bulanana di kantor. Bubuhan jejer tulisan teh ngeunaan babandingan informasi G. Merapi di internet jeung di dunya nyata anu disirorotkeun atawa dipake ngeunteung kana cara mintonkeun informasi jeung usaha mitigasi bancangpakewuh alam, nya antukna si kuring jadi anteng ningalian alam dunya ngamanfaatkeun fasilitas satelit ti NASA via internet. G. Merapi, Yogyakarta, Bandung jeung tempat-tempat sejenna ngan ukur memenitan bisa ditingalian citrana, boh dina wangun dua matra (dimensi) atawa tilu matra.  
 
Keur anu biasa pagilinggisik jeung IT mah informasi bisa ningalian dunya make satelit via internet teh hal anu lumrah jeung geus teu aneh deui. Oge si kuring baheula kungsi dibejaan aya informasi sarupa kitu. Ngan harita mah fasilitasna can pati maju. Ari ayeuna? lumayan geus melesat kacida. Eta wae, ngembatna urut "wedhus gembel" atawa awan panas (nuee ardente) - salah sahiji bahaya G. Merapi anu pangkawentarna sadunya- bisa kapapay raratana dina gambar-gambar kiriman satelit ngaliwatan fasilitas internet. Pon kitu deui, daerah-daerah urut dioyag-oyag lini di Jogjakarta, atawa wewengkon baseuh langganan banjir di Kota Bandung bisa dipapay raratana, jalaran teges pisan ku ayana beda warna (rona) dina gambar-gambar satelit anu dipintonkeun. 
 
Ka baraya sadaya anu fasilitas internetna nyampak jeung teu kawatesan ku pulsa atawa biaya akses, mangga geura cobaan ningalian alam dunya dimana wae, atawa lemah cai geusan ngajadi, atawa wewengkon mana wae anu dipkahayang, dimimitian ku asup ka alamat ieu: http://earth.google.com/ Tatacara salengkepna kieu (punten ka anu tos manukna pisan dina widang IT bisi si kuring kaasup kana babasan mapatahan ngojay ka meri) :
 
1) Lebet ka alamat  http://earth.google.com/ ;
 
2) Saparantos eta alamat kaakses, pariosan palih katuhu aya alamat tumbu "Get Google Earth", teras akses eta alamat kanggo mulut (download) pakakas lemes (software) pikeun bisa ningalian foto citra alam dunya di internet;
 
3) saparantos lengkep kapulut sadaya papakas lemesna, urang langsung dicandak ka "Google Earth" anu nyadiakeun gambar-gambar bumi hasil satelit tea. Mimiti anu kaluar teh peta citra landast (kar bumi hasil satelit) wewengkon Amerika (wayahna da NASA teh bogana Amerika tea). Ti dinya, lamun urang hayang ningalian patempatan mana wae anu diseja, mangga serat bae dina "search" teras pilarian. Conto upami hoyong ningalian G. Merapi: ketik dina rohangan serach : Merapi,  teras klik.
 
4) Diperyogikeun waktu sabababaraha menit (gumantung kajugalaan/kapasitas PC sareng akses internet sewang-sewangan) keur mintonkeun gambar anu dimaksud ti mimiti ukur kelemengna nepi ka cekasna;
 
5) Saparantos cekas mah si gambar teh tiasa dipakieuh ku urang, naha hayang ningal deukeut wewengkon heureut, atawa ningal ti katebihan wewengkon anu leuwih lega (zoom +/-)), ningal dua dimensi atawa tilu dimensi (button tilt up - tilt down), atawa hoyong ningal sakuriling hiji tempat (tanda panah satengah buleudan), mangga wilujeng nyobian.
 
Sakitu wae baraya wilujeng nyobian. Wilujeng nganjang ka lembur singkur, banjar karang pamidangan, ngalayang make satelit via internet. Cikeneh pisan si kuring oge tos nglongok desa si kuring. Nya gambarna wae mah lumayan, teu kudu make mobil atawa kapal udara ningalian lembur teh.
 
baktos,
manAR
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke