Haturan Gan 4S (Sindir Sampir Saaya-aya Samridwan) :D
BEUUUUUUU ........
........ eta geuning ayeuna mah laleur teh geus bisa maen internet sagala, nya!!!
salam Laleur Hedjo
-pun adi-
*****************************************
On 5/31/06, sr <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Laleur HejoKuring teh si laleur hejo, najan keur lintuh da kiwari loba hakaneun, awak mah tetep we sagede kieu, can sagede buta hejo. Najan sarua aya hejoan tapi lain hartina samarga jeung kolor hejo, komo disaruakeun jeung kalakuana anu purunyus. Deneng eta basa "miss trash" keur lunggak lenggok dihareupeun tumpukan runtah, kuring kungsi eunteup dina gadona, hartina lain kuring culangung komo deui cunihin, tapi saenyana nek ngawujudkeun niat hade kuring kujalan ngising dilebah gadona. Satadi mah sugan jeung sugan jadi karang alias tahi lalat, pan meureun jadi nambahan nyari panampilanana. Ngan hanjakal niat hade eta bolay lantaran geuning si miss trash teh marake masker, antukna langsung we cingekngek lebah bujalna, da geus teu kuat nahan tea.Samemehna, basa kuring keur bumen bumen di tumpukan runtah di wewengkon bantar gebang, kuring kungsi kaeraan ku laleur hejo asal jalan cacing. Ceuk kuring teh kieu "Naon sababna dewek jauh jauh ti bandung, neangan hakaneun kadieu ? Bisi hayang nyaho mah, lantaran diditu euweuh runtah, dina ayana ge runtah paling kaleng rombeng eta ge langsung digiling dijadikeun talapok kuda, tah kitu euy!" Bari jeung rada pede ngomong teh asli make basa karuhun. Laleur sunda tea sok rada balaga ari dipanyabaan mah, ah nu disebut balaga mah mamalayuan di lembur sorangan, bener teu, Coy!. Teruskeun kanu tadi, ari pek teh manehna nyelengkeung njajawab kieu. "Yeuh...nya teu nyaho wadia balad urang nu aya di bantar gebang jumlahna ngurangan. Nyaho teu keur nyaraba kamana ? Ka barandung deuleu....tah diditu teh cenah lain nek soping ka fo atawa ngan ukur ngagembrong bala bala haseum, tapi narempo gembrongeun runtah, anu cenah diditu mah nepika jalan protokol sagala!" Ngadenge kitu beungeut kuring ngadadak euceuy bakating ku era, najan euceuy ge tetep we katingali mah hejo."Tong jijieunan euy, maenya lembur dewek jiga kitu!" cekeng teh satengah teu percaya. "Teu percaya mah jig we tempo ku sorangan!" jawab laleur hejo nu ngaku blasteran arab jeung batawi.Atuh teu diengkekeun deui, belecet kuring hiber nuju pintu tol cibening, kaparengan didinya aya beus nu kabandungkeun keur ngantri karcis, geleber, teup eunteup palebah bemper tukang. Dius mumprung ka bandungkeun, sakolepat oge geus nepi. Nepi ka nu dituju kuring ngan ukur bati gogodeg, enya we, pangeusi lembur anu samemehna saromeah, ngadadak jaramedud, bari saribuk narutupan irung. Ari keur bangsa laleur mah bau kawas kieu teh matak pikaheroyeun, lir ibarat irung manusa keur ngambeu beuleum peda mangsa keur lapar. Paingan atuh wadia balad anu di bantar gebang kadarieu, da enya geuning runtah di bandung mah beda, bari susap seuseup teh bisa bari lalajo si miss trash anu keur lunggak lenggok, bisa nyelang heula lalajo nu demo dihareupeun gedong dpr tur bisa eunteup dina gado nu herang, pokona mah sik asik asik..nak enak enak.Sajeroning kitu, najan kaayaan kieu nguntungkeun pisan pikeun kuring, tapi hate leutik mah asa teu mikeun lamun lembur kuring anu dipikareueus jadi kawas kieu. Salian ti eta,meureun ku ayana kuring jeung wadia balad ngagarembrong didieu, bisa jadi malah nambah rujit beungeut lembur. Kuring rido sanajan jauh kudu ngageleber ka pasir bajing atawa ka cikolotok ngudag ngudag kahakanan kuring, asal bandung jadi resik. Ngan edas geuning dipasir bajing ge di usir, di cikolotok oge didemo, atuh kuring teh lieur kudu ngudag deui kamana. Kahayang mah cik atuh cing cindek, nek ditempatkeun dimana, atuh nu katempatanana oge sing rido, tur teu matak ngaganggu ka lingkungan sabudeureunana, kitu deui meureun kuring oge bisa jongjon baranghakan tur tibra sare, pokona mah genah, merenah, tumaninah, kasarea. Mun kaayaanana kawas kitu, teu mustahil kuring bisa leuwih lintuh tur tereh gede, boa gedena ngaleuwihan buta hejo.**(SR)**---xxx
*******************************************
"...purbastiti purbajati, suka kreta tang lor kidul kulon wétan kena kretarasa..."
-----------------------------------------------------
http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/
http://www.urang-sunda.or.id/
http://www.sundanet.com/
http://su.wikipedia.org/
http://radiosunda.qc1.net:8184/listen.pls
http://pituin.multiply.com/
*******************************************
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

