Muhun waas pisan ngaos imel Kang Ganjar  ti Walanda. Abdi jadi isin anu biologis alis pituin urang Galuh nyarios basa Sunda teh sok dicampur ku basa Melayu. Basana jadi gado-gado.
 
Ah, ti danget ieu mah Abdi sawalakaya bada nyarios ku basa Sunda. Saha deui nu ngamumule basa Sunda lian urang Sunda. Leres kitunya? Ah, abdi jadi isin ku Kang Jamal. He...he...he....

indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan kang Ganjar, damang....?
Waas atuhnya, di lembur batur nyarios basa sunda anu lalemes. Naha ari kuring ka Bandung di pasar, di jalan, ditoko, anu kakuping sanes basa sunda anu lemes, tapi sunda campur basa indonesia, ...nahanya...? tos teu pajeng kitu basa sunda teh di lembur sorangan..? kusaha deui atuh ngamumule basa teh ari sanes ku urang nyalira. Tah atuh ayeuna mah ka palawargi sadaya utamina wargi enggal ulah isin-isin mangga didieu tempatna diajar basa sunda  Keun upami lepat mah insyaAlloh aya anu ngalereskeun...kitu sanes kang Ganjar..!
 
ipeut

Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Peré kamari, ngahaja ka walanda nongton pasar malem tongtong. Ramé ogé. Ti  Bandung aya rombongan penari, anu disarebat opat Diva (ceu Indrawati Lukman, Ceu Ira, Ceu Yetti Mamat sareng Bu Endang - Doktor hiji-hijina di STSI Bandung); ogé aya rombongan angklung Pa Udjo anu dipingpin ku Taufik, putrana.
Kadinya téh dijajapkeun ku Kang Ocong sareng Ceu Hanna istrina. Duanana oge urang Bandung, tangtos wae nyarariosna teh ku basa Sunda. Anu hélok téh, barang ditepangkeun sareng anu jaga panto. Tina rarayna jelas pisan turunan ambon; tapi barang diajakan ngobrol basa sunda lemes pisan. Majar téh da abdi ogé urang Bandung ti jalan Brantas. Barang ngadangu aya anu ngobrol ku basa sunda, torojol téh aya anu sipit, sigana mah turunan cina ngiring nyarios ogé "abdi ogé sami ti jalan dipati ukur". Dina waktos ngurilingan stand sareng, pun bojo naroskeun :ari milarian sapu nyéré dimana nya?. Anu ngawaler téh hiji istri anu siganamah turunan ambon deui. Bari nunjukeun: "di palih ditu milarian sapu nyéré mah" cenah.  Ngadangueun nyarios ku basa sunda téh, aya ogé anu merhatoskeun sigana mah. Bapa-bapa cetuk huis, nyaketan :"abdi ogé urang sunda ti kota Delft" cenah. Aya ogé stand rumah makan sunda, dinamian Sari Sunda. Anu jagina urang Bandung, namina Ibu Hanna. Ti Gégér Kalong. Aya ogé stand urang Belanda anu ngadamel buku "Saya ini orang Belanda lahir di Betawi"; namina Pans. Sok sanaos judulna kitu, tapi ari ngaos bukuna mah horéng ngadongéngkeun mangsa anjeuna keur budak di Lémbang sareng Bandung. Cenah anjeuna ogé tiasa basa Sunda. Ngan hanjakal teu kantos ngobrol da sugan téh enya waé Walanda Batawi. Aya pangalaman sanés. Tapi ieu mah di Swiss. Waktos jalan-jalan ka hiji toko, réréncangan téh rada mugen bari nyarios :"tong asup ka toko éta mararahal" cenah bari ngaléos. Naha atuh éta mah si bulé penjaga toko, ngawaler ku basa sunda anu lemes pisan bari rengkuh:" tong waka nyebatkeun awis ibu ...... mangga lebet, tinggalian heula, manawi waé aya anu kaanggé............................" Manahoréng si bulé téh kantos lami tugas di Purwakarta waktos ngadamel bendungan. Ayeuna kasepuhnakeun muka toko di Jenewa. Hilap, ninggal jadwal acara di Tongtong aya ogé hiji program anu dijudulan :"panganteur diajar basa sunda" Uâmi teu lepat mah dua kali. Anu panungtun kapng 5 Juni, tempatna di teater Bibit. Anu ngawulangna?, saha deui ari sanés sinyoh...............

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke