kang Acep..., undak usuk basa nepi ka ayeuna masih aya keneh jeung
masih diajarkeun di sakola-sakola anu aya di Jawa Barat (umumna), ka
asupna kana pangajaran MULOK alias muatan lokal.
- ari anu disebut basa keur kasaluhureun nyaeta basa nu dipake lamun
urang cumarita/nanya atawa ngobrol jeung kolot tah anu dipake teh basa
lemes; contona : "pun bapa nuju tuang..." jst.
- terus anu disebut basa keur kasasama nyaeta basa nu dipake lamun
urang cumarita/ngobrol/tatanya jeung batur anu sababad atawa batur
anu geus loma/wawuh nu pake teh basa sedeng. (kadang lamun keur
heureuy sok make basa kasar oge tapi urang kudu apal nempatkeunana...)
- saterusna anu di basa keur ka sahandapeun nyaeta basa anu dipake
lamun urang ngobrol/tatanya/cumarita jeung budak atawa anu umurna
sahandapeun urang, didieu bisa make basa sedeng atawa lemes tapi
kalolobaanana make basa sedeng. (ngan omat lamun ngobrol jeung budak
ulah make basa kasar sabab budak mah sok satuturutna).
Undak-usuk basa sarua jeung Tata bahasa lamun dina bahasa Indonesia
mah alias EYD tapi ari dina bahasa Indonesia teu aya tingkatan
bahasa...(lamun teu salah mah).
cag...ah, nuhun. (punten rada ngacapruk)
"kkbm'69"
-kang Acep oge ngarti meureun ari maca mah nya...ngan anu susah teh
nulis jeung ngucapkeun meureun....hehehe.
--- In [email protected], Acep Suhendi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Salam
>
> Saya pernah belajar
> basa Sunda mengenai
> kalau tidak salah
> ngarana "undak usuk basa"
> jadi aya basa Sunda untuk
> kasaluhureun, kasasama jeung kasahandapeun
> apa pelajaran tersebut masih
> kene aya jueng naon harti nu
> sabenerna undak usuk basa?
>
>
> Wasalam
> ---
> AS
> mailto:[EMAIL PROTECTED]
>
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

