Heuheu...tetela janten ngagebay nya...??,
tadina mah moal waka buka kartu sateu acan aya goong, kecap/kalimat anu pas sareng murwakanti atanapi
raos dibaca sareng raos kakupingna.
kecap "dicokot" tina cokot (ambil bhs. Indonesia), nyokot lamun ngalakukeunana.
nyokot sareng dicokot, aya 2 rupi, 
nyokot/dicokot kalawan terang-terangan, kalawan bebeja tah ieu mah namina menta
nyokot/dicokot kalawan susulumputan, tah ieu namina maling atanapi maok.
 
Kasang tukang eta babasan, leres ka "ilham"an jangjawokanana Bung Karno, anu oge ka"ilham"an ku
jangjawokan John F. Kenedi, ananging kitu sim abdi teu neplak sacerewelena (raraosan mah...).
 
Anu janten pangdorong sim abdi ngadamel eta "babasan", bakat ku ngahelas sabaraha kali kalembur ninggal kaayaan sarakan ti ngawitan Banten dugi ka Ciamis, gunung-gunung seueur nu gundul, pasir-pasir seueur anu bulistir, tah eta gunung-gunung sareng pasir-pasir teh dugika gundul sareng bulistir teh bakat ku sering hartana kayaning kakaian sareng tutuwuhan sanesna dicarokotan (kalawan nyamuni/susulumputan) kajalma-jalma anu jarulig, naha Sunda pituin atanapi etnis sanes.
Nya kitu deui harta/paninggalan sajarah tatar Sunda anu dicarokotan kalawan susulumputan (paok), tangtos ieu oge kujalmi-jalmi anu julig atanapi jalmi bodo (teu terang nile sajarahna).
 
Tah eta babasan teh taya sanes, jeritna hate...stop...!!, geus...!! eureunan maraokan/nyarokotan, harta kakayaan Tatar Sunda teh, peupeuriheun bisa nyambung nyarungsum, nyumbang ka tatar Sunda (kiSunda).
 
Sakitu mugi agung nya paralun jembar hampura tisadaya para wargi,  bilih wae sareukseuk ninggal ringkelna
eta seratan,  kabaribinan ku sorana eta babasan.
 
Pihatur
ssw 
 
Yosep Hania [EMAIL PROTECTED]
Sumuhun…ceuk emutan sim kuring oge, asa merenah keneh anu ieu…(ti kamari mikir teu meunang-meunang..heheh)
Kumargi…bahasana Loma / me-masyarakat…sareng gampil ngahartoskeuna.
Panginten kitu tah..
Baktos,
Yha
 
On Behalf Of rechi ossa
namung asa merenah keneh "dicokot" geura aos deui:
"Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti Kisunda, tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka Kisunda"



Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke