Heuheu...ni leukeun ieu neng Roro ngoleksi per"korong"an...
yeuh ditambihan hiji deui :
Jalma calon Juragan Korong
Mun tos ngorong, korongna diledotkeun kahandapeun meja...
ssw
Huahahahaaa......
Roro Rohmah [EMAIL PROTECTED]
Wilujeng wayah kieu
Maos seratan Kang Ndoel teh, janten emut kana artikel ieu
Cik hoyong terang Kang Ndoel teh tipe jalmi nu kumaha pami ditingali tina
cara ngorongna? heheh
.
Punten baraya artikel ieu jorang & nganggo basa cohag
.Hususon ka Kang Ndoel ampun paralun teu aya maksad nanaon, mung heureuy wungkul
.
Mugia tiasa janten pangbeberah manah
:)
Sipat Jalma ditingali tina cara ngorongna
Jalma nu sok nganggap waktu teh piduiteun
Mun ngorong, 2 liang sakaligus jadi teu meakeun waktu.
Jalma nu sampurna
Mun rek ngorong, kukumbah leungeun heula, geus beres ngorong kukumbah leungeun deui.
Irung
dikompres ku alkohol meh teu inpeksi pas keur ngorong, bisi matak picilakaeun
Jalma nu teu nyakola
Make leungeun batur keur ngorong
(IEU MAH JELAS LAIN UING!!!)
Jalma nu teu nyakola tapi boga sopan saeutik
Nginjeum curuk batur keur ngorong, enggeusna nganuhunkeun kanu boga curuk.
Jalma nu sok resep kanu cara-cara anyar (inopatip)
Ngorong make ramo suku
Jalma nu boga jiwa siga bedog
Mun keur ngorong diasupkeun kanu irung, dibetot kaluhur, diturunkeun ka handap, betot ka kenca, betot deui ka katuhu.
Jalma nu sok resep gunta-ganti kaayaan
Unggal ngorong sok make ramo nu beda-beda
Jalma nu resep ngalalana
Mun keur ngorong sok nepi ka palebah nu teu bisa kahontal ku curuk (keukeuh
nepi tidengdek-dengdek wae
)
Jalma nu disiplin kana waktu
Make jadwal keur ngorong saminggueun.
Jalma nu boga jiwa maehan
Eureun ngorong mun irungna getihan
Jalma nu getekan
Seuseurian bari Ngorong da dieleketek
Jalma nu resep kana tehnolohi
Ngorong make antene henpon
Jalma nu mbung rugi waktu keur masalah leutik
Irungna dibuka sing gede, trus nitah batur pangnoongkeun aya korong teu di jero?
Ari ngorong euweuh korongan mah pan rugi??!!
Jalma nu boga jiwa siga urang Cina
Ngorong make sumpit
Jalma nu taat kanu agama
Ngadua heula memeh ngorong
Jalma nu sok
pilih kasih
Ngan ngorong dina liang irung salah sahiji, nu sejenna diantepkeun.
Jalma nu adil tur wijaksana
Mun korong dina liang irung kenca leuwih loba tibatan nu katuhu, dipindahkeun heula saeutik kanu kenca meh sarua, karek derrr
ngorong.
Jalma nu teu panceg
Ngorong salah, teu ngorong salah, ngorong salah, teu ngorong salah, ngorong salah, teu ngorong salah, ngorong salah, teu ngorong salah
.
Jalma nu gehgeran
Nenjo batur ngorong, pipilueun ngorong
Jalma nu pohoan
Curukna geus di jero irung, ari pek teh poho deui naon nu rek dilakonan
Jalema nu lelewodeh
Mun tas ngorong tina liang kenca, poho deui rek ngorong ka beulah katuhu
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

