Da abdi mah heureuy...sumpah heureuy! Daek eusi sirah
siga otak einstein (pinter), daek irung bangir siga
brad pitt, daek beunghar siga sayidina Utsman
(beunghar jeung barokah), daek nyandung siga
pusponegora(seueur tapi sauyunan teu silih
ontrog)...hehe. Sugan we aya jurig tumpak kuda!
Abdi reuwas...saparantos ngintun waleran eta, dina
runtuyan "inbox" seueur nu dina judulna aya kecap teu
sopan abdi jol teg we imut kecap "aing"! Abdi oge teu
mungkir sateuacan...nuju nyerat eta teh bari ngobrol
dina telpon (on line) mrotes rerencangan dicigadung
nyariosna ngangge kecap "aku" sanes teu ngahormat ka
bahasa indonesia atanapi bahasa asal eta kecap tapi
abdi sorangan ngusahakeun teu nganggo eta kecap, bae
nu sanes mah! Cekeng teh "tibatan make kecap aku
enggeus make aing...ngerakeun urang sunda, maneh
generasi *tv pisan!, geuleuh ngadengena", da raraosan
teh sami "rasa" na ...kitu tah historina. Tapi janten
kacacandak kana serat...hehe. Eta oge implengan
abdi(sangat subyektif!)
Oh muhun bebaslah..hehe. Eh ketang tos digentos ayeuna
mah porenges wungkul...janten ngarepotkeun Mama Siddik
duh isin pisan! Seurieus upami nyungkeun dihapunten
mah! parantos eta dibeberkeun sajarah porenges teh,
henteu, baeud pun Biang mah...hehe
Sumuhun abdi oge masih keneh nganggo sareng resep
basa sunda nu lemes komo nu kasar mah.
Kang Robby Darwis...Persib? Porenges teh aya kaitan
sareng sareng Persib! Abdi ngabohong ka pun Bapa yen
tos gaduh kabogoh dibandung..."hebat euy boga
kikindeuwan urang kota", saur anjeuna teh! Golosor we
dipasihan cicis kanggo nraktir batagor isan sareng
nonton di beipe...padahal mah dianggo nonton persib!
Kaleresan stadionna caket sakolaan(sma 3)....wangsul
sakola langsung ngantay. Bororaah gaduh
kabogoh...ngaku urang bandung oge diprotes wae ku nu
ngaraos gaduh bandung...maneh mah lain ti bandung tapi
ti kabupaten bandung! Pedah abdi ti lamping kidul
talaga bandung pira oge, teu ngarti?(dugi ka ayeuna
teu ngartos...lebeng we teu katinggal curuk-curuk
acan!) Tapi masih dijantenkeun pikiran dugi
kaayeuna...kagok edan lah!
Atosan heula nya...bisi tambih ngaco!Hehe...
baktos,
Porenges
--- Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kang Porenges... Naon ieu teh...? Kuring mah
> bener-bener kataji ku eusi sareng basa postingan
> Kang Porenges... Bener eta teh...! Sumpahna oge
> daek sirah sagede pedes, irung angger...! Posting
> kuring teh saestuna mah keur Kang Toto jeung Kang
> Acep, ngan kapoosan sabab Kang Totona geuning,
> sakumaha kasauran Apih Sidik, tos ditalapung...
>
> Bagian khusus keur Kang Porenges dina eta posting
> teh paragraph panungtung wungkul... Da bongan
> kuring teu bisa nahan hayang mere apresiasi kana
> postingan Kang Porenges...
>
> Tah kitu, Kang...
>
> Aeh, sing rido nya mun kuring nyalukan make ngaran
> "Kang Porenges", asa leuwih loma euy... Jeung deuih
> pan Kang Porenges oge mere pilihan, "P" teh bisa
> Peuyeum atawa Porenges... Emh... Kacipta waktu
> indung urang ngalandih urang "porenges", tangtuna
> bari anjeunna teh gumujeng dibarung ku reueus ka nu
> janten puputon...
>
> Posting khusus keur kuring mah make basa loma bae
> lah, siga kuring jeung Ki Hasan... Basa lemes mah
> kasanggakeun ka payuneun sepuh, kasepuhan, atawa
> anu dipisepuh ku urang... Eta oge ceuk kuring
> pribadi nu masih keneh nganut ayana basa loma jeung
> basa lemes....
>
> Bebas bae lah jeung aing mah, Kang... Ha ha...
> (Kecap "aing" oge ulah dianggap teuing kasar, asal
> merenah bae... Pan ceuk Robby Darwis oge, "Halik ku
> aing...!!" Asana kuring teu kungsi ngadenge aya nu
> nyebut Robby Darwis basana kasar...)
>
>
> Salam,
> AJ
>
> Peuyeum <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Kapayuneun:
> Pangeresana Kang AJkusnet miwah baraya sadayana.
>
> Mudah-mudah baraya sadayana aya dina
> panangtayungan
> Alloh SWT. Amin
>
> Abdi, Porenges (saur Punbiang:-))seja nyuhunkeun
> dihapunten utamina anu aya sangkut paut sareng
> serat
> "postingan" kaping 31 Mei 2006, bilih (aos:
> seueur)
> dina serat "postingan" abdi upami teu lepat
> waleran
> sifatna, bobolokot kecap-kecap garihal sareng
> kirang
> (aos: teu pisan) merenah. Kasieun abdi
> ngabalukarkeun
> raheut manah ka baraya sadayana utamina pangeresa
> Mama
> Kuncen sareng kang Ajkusnet kuanjeun.
>
> Sami bagjana panginten keur abdi upami serat
> "postingan" atanapi waleran "postingan" abdi
> dianggap
> bibit werejit langsung dialungkeun ka tempat
> runtah.
> Pon kitu deui upami ngan jadi lauk buruk milu
> mijah,
> abdi oge iklas kenging hukuman(didelete)tina
> milis.
> Nyanggakeun beuheung teukteukeun suku genteng
> belokeun! Mung nyuhunkeun wejangan (warning) heula
> supados abdi tiasa nyaliksik diri ngomean
> lampah...hehe(teu ngeunah akhirna...Porenges
> nurustunjung!)
>
> baktos,
>
> P(tiasa peuyeum, porenges mangga, kasep na mah
> porenjis):-)
>
>
>
>
> --- Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > Ari KUSNET teh geus ti anggalna keneh maksudna
> teh
> > jadi babakan urang Sunda atawa urang mana bae
> anu
> > kapincut ku budaya Sunda. Maksudna mah tangtuna
> oge
> > pikeun ngamumule budaya Sunda jeung Kasundaan
> > lianna. Teu aneh teu sing lamun syarat mutlakna
> teh
> > kudu make Basa Sunda (kajaba lamun anu
> > di-posting-keun teh artikel Kasundaan). Lain
> hartina
> > nganomerduakeun Bahasa Nasional, tapi pan
> tujuanana
> > lain. Dalah kitu, kapan "budaya nasional itu
> > merupakan puncak-puncak Budaya Daerah". Tah, di
> > milis ieu teh dina raraga eta, nanjeurkeun
> Budaya
> > Sunda dina raraga najeurkeun Budaya Nasional
> > (haduhhh... jiga nu heueuh aing nyarita
> yeuh...)
> >
> > Boh kasauran Mang Ajip Rosidi, atawa ceuk
> aturan
> > Kusnet (tingali di handap keur ngelingan deui
> > urang), atanapi kasauran Apih Sidik (haturan
> > Apih...), pek bae nulis ku Basa Sunda dialek
> mana
> > bae oge, malah "dialek" komunitas anu kakara
> > lelengkah halu diajar Basa Sunda oge meunang.
> Keun
> > bae rek salah oge da tangtuna oge nu maracana
> bakal
> > surti, moal aya nu ngahina, malah mah ngarasa
> > kayungyung jeung bungah ku tekadna nu gede
> hayang
> > bisa nyarita Sunda, tur mantuan ngabebener
> sangkan
> > aya undakna nyarita Sunda teh. Tapi lamun
> keukeuh
> > teu bisa (saestuna mah "can bisa", lain "teu
> > bisa"), nya statusna can bisa jadi "anggota
> penuh",
> > tapi jadi "pengamat" saheulaanan, siga status
> > Palestina di PBB, can boga sora. Sok bae rek
> miluan
> > maca mah teu aya halangan, bari ngumpulkeun
> kawani
> > nyarita Sunda. Engke lamun geus boga kawani
> mosting
> > make Basa Sunda, pek mimitian posting ku Basa
> Sunda,
> > harita oge statusna resmi jadi "anggota penuh"
> > (ayeuna mah nyarita teh siga Koffi
> > Annan pisan... Heuheuy deuh...)
> >
> > Sok ah... (Lain euy, kataji pisan kuring mah
> ku
> > postingan Kang Porenges... Ciciren lega pisan
> > ambahan jeung pangartina... Bebas lah jeung
> aing
> > mah, Kang...! )
> >
> > AJ
> >
> > Aturan Milis Komunitas Urang Sunda di
> > Internet [KUSNet] 1. Para wargi nu
> nembe
> > gabung, disuhunkeun kajembaranana, kersa
> nepangkeun
> > heula, make cara Urang Sunda. Saha, kawit
> timana,
> > ayeuna di mana, damel naon, jeung sajabana.
> Perluna
> > ieu, sangkan pancakaki, sugan bae panggih jeung
> > dulur, sobat, jeung saterusna. nepangkeun kedah
> > jentre. supados teu disasaha.
> > 2. E-mail ka milis Komunitas
> Urangsunda
> > di internet [KUSnet] kedah ngangge basa Sunda.
> > hukumna WAJIB. Sabisa-bisa. Nyerat naon bae asal
> ku
> > basa SUnda. Teu kudu make undak-usuk basa,
> cukup ku
> > basa merenah jeung loma.
> > 3. Kaci basa nasional atanapi
> Inggris
> > [forward berita, jrrd] upami patali sareng Sunda
>
> > sareng kasundaan. Oge kaci [sakali-kali tapi]
> > ngintun heureuy/jokes, seratan hikmah atawa
> > pieunteungeun] ku basa nasional atawa Inggris.
> > 4. Ieu milis perkawis Sunda jeung
> > Kasundaan. Jang mikareueus, malire, jeung
> ngamumule
> > Sunda jeung kasundaan, lain jang nanaon.
> > 5. Teu kaci nulis nu
> > jorok/porno/jorang.
> > 6. Teu kaci ngagogoreng
> > seler/etnik/ras/bangsa sejen [bangsa Sunda mah
> > komo]. Dina ayana tulisan ngeunaan eta, jang
> > diajar/peinteungeun.
> > 7. Teu kaci ngogogoreng agama jeung
> > kapercayaan batur. komo agama nu diagem
> mayoritas
> > Urang Sunda [Islam].
> > 8. Hak Penerbitan posting ka milis
> > KUSnet diaku ku Yayasan Perceka, wadah di darat
> > KUSnet.
> >
> > K U N C E N
> >
> >
>
=== message truncated ===
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

