nya atuh dikubur we 'masa lalu' mah... komo nu bau2 mitos mah... mun rek nyoreang nyawang katukang ge sajorelat we,,, da nu penting mah ayeuna jeung ka hareupna... eta ge mun hayang 'maju...'
 
dmar

MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Aya lelucon sareng aya humor. Bedana, lelucon mah
eusina biasana ngomongkeun/moyokan batur, ari humor
mah nyeungseurikeun kalakuan/polah sorangan.(asana mah
aya dina buku mang ayat anu dicarioskeun teh Ika).

Leres saur teh Ika, seratan perkawis "rasis dalam
budaya Sunda"  teh jigana wae, "stigma" orang Sunda
masa lalu, jadi "embe hideung" ngabebener naon anu
karandapan ku US ayeuna. Nunjukkeun sifat anu teu
dewasa, heunteu PD (percaya diri), kecingan. Dina elmu
psikologi mah aya teori, lamun urang terus-terusan
"dimotivasi" maneh jalma bodo, engke jebulna teh urang
bener-bener jadi jalma bodo. Tah, pakait kana perkara
eta, kuring jadi inget deui kana ceramahna Presiden
Iran Mang Mahmud Ahmadireja (maksad teh Mahmoud
Ahmadinejad) di UI kamari. Ceuk mang Mahmud teh,
nagara-nagara Barat ngahaja “ngomporan”, ngan bangsa
Barat wae anu sanggup jeung mampu ngamangpaatkeun
jeung menguasai teknologi tingkat tinggi. Tapi waktu
Iran oge geuning mampu  ngolah nuklir anu ngabutuhkeun
teknologi tingkat tinggi, disingsieunan ku cara pasti
engke dipake pikeun nyieun senjata nuklir. Israel
jeung Amerika wae ngembangkeun teknologi nuklir, teu
aya nagara usil. Jadi katingali pisan alesan teu
panuju Iran  ngembangkeun teknologi nuklir  the teu
logis.

Nya kitu oge, upama urang nitenan tulisan kang
Djasepudin, asana teh teu relevan make kudu
nyabit-nyabit “perang bubat”, pikeun ngagambarkeun
pasipatan Urang Sunda kiwari, anu sifatna masih  jadi
bahan perdebatan.

Baktos,

mrachmatrawyani

--- ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Gening US teh masih keneh kajiret ku masa lalu.
> Euleuh geus sabaraha abad kajadian teh, masih wae
> jadi bangbaluh. Dina buku almarhum Mang Ayat
> Rohaedi, aya seratan perkawis lelucon, nu
> dicarioskeuna ngeunaan seler sejen, nya biasa atuh
> lelucon mah. Urang jadi nyeungseuerikeun seler
> sejen.
>   Jiga kuring waktu ka Manado, nu nganteur2 teh
> urang Sangihe Talaud, nya manehna nyaritakeun
> lelucon urang Sangihe, nu kesanna meni bodo,
> belegug, matak seuseurian sajajalan, nya biasa we.
>   Pan cenah lamun urang geus bisa nyeungseurikeun
> diri sorangan, cirina urang geus wijaksana. Lamun
> tepi ngajejeleh mah lain lelucon atuh. Eta tangtu
> matak ambek, hehehe......Tos ah pan ayeuna mah urang
> tos janji satia ka NKRI janten kedah tos beres


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke