Innaa  lillaaahi wa innaa ilaihi roojiun. Sim kuring ngiring bela sungkawa oge ngiring ngadua pamugi nu ngantunkeun sing ditampi iman islamna, pamugi kenging tempat nu mulia, oge ka kulawargi nu dikantunkeun mugia dipaparin sabar tur tabah nampi ieu cocobi. Amien.
 
Februari 2004, kuring ngulampreng ka Perpustakaan Pak Dodi Tisna Amijaya di Buah Batu, harita teh kuring nuju milari literatur ngeunaan Baduy. Nya pareng tepang sareng Pak Edi, ditepangkeun ku petugas perpustakaan. Kuring ditaros:
"Ti jurusan naon nya"
"Abdi ti Biologi UPI Pak?"
"Geuning bade naroskeun sejarah bade nalungtik naonana?"
Derrr weh ngobrol, sanaos sakedapan, iihhh ari ngobrol sareng ilmuwan mah, manfaat pisan. Harita teh kuring naroskeun perkawis eusi "Sanghyang Siksakandang Karesian".
" Sae pisan atuh pami palay nalungtik kearifan lingkungan mah, sumuhun, aya dina Siksakandang Karesian dina bagian ieu.........(bari dibukakeun fotocopy naskahna)....
 
Wilujeng angkat Pak Edi, pamugi kenging tempat nu sajati .....
Wasalam,
Ely Djulia

 


New Yahoo! Messenger with Voice. Call regular phones from your PC and save big.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke