----- Original Message -----
Sent: Tuesday, June 06, 2006 10:54
AM
Subject: [Urang Sunda] Penjagaan lan
Kabisa.....
Manawi aya pulunganeunana :
Penjagaan --> asal kecap tina Jaga...,
kecap jaga asli basa Sunda, jaman karajaan tos aya
jabatan/kalungguhan : Jagabaya,
Jagaraksa sareng Jaga-jaga sanesna.
Penjagaan (bhs. Indonesia) tiasa dihartoskeun ;
Pangjagaan/pangraksaan
Penjaga = Pangjaga/pangraksa
Menjaga = Ngajaga/ngaping/ngaraksa/ngajaring
Dijaga = Dijaga/diraksa/diaping/dijaring
Namung kecap Jaga (bs. Sunda) aya deui hartos
sanesna.
Jaga = waktu nu bakal datang
(Nanti/kelak/bhs.Indonesia), contona ;
"Kudu getol ari ibadah, supaya jaga bisa hirup
pinuh bagja = Harus rajin ibadah
supaya kelak hidup bahagia.
"Isuk jaganing geto" = Besok atau lusa
(bhs.Indonesia)
Pangabisa ---> asal kecap Bisa = Tiasa
Pangabisa = (lemes) Katiasa
conto kecap :
Boga pangabisa naon maneh ?? = Gaduh katiasa naon salira ??
Cag sakitu we, bilih ngagebay teuing.
Pihatur,
ssw
Penjagaan = Penjagian.......??? Tadina mah bade
nyerat penjagian,
naha leres kitu eta teh, asa teu
srek dina bhs sunda aya
penjagian....hihihihi
Sareng upami ' Pangabisa ' naon nya
lemes na ?
contona : pangabisa di widang olah raga sim
kuring
langkung sae ti salira ! " naha leres eta the
kitu.?
Punten ah ka baraya sadayana pang leres keun,
hatur
nuhun
Wassalamu'alaikum wr
wb
Nata
Tong nyaliksik naon nu bisa
dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa
dibikeun ka kiSunda