Sanes neng upami jaram mah, da tos aya bewara ti mang Yahoona yen ngawitan dinten ieu yahoo aya perobihan.
Tadi tos ngadoni ka mang Yahoo, cekeng teh teu tiasa neukteuk buntut, janten buntutna kakirim teras (atuh teu aya angeuneun dan buntutna ngiringan wae).
Saur mang Yahoo, hatur nuhun cenah, rupina buntutna dikempel ku mang Yahoo
bade muka restoran sop rupina.
 
ssw
weleh teu tiasa neukteuk buntut..alamat mudal yeuh..kotak surelek...

Roro Rohmah [EMAIL PROTECTED]
Hwahahah...Uwa mah sok aya2 wae... pan ku canggihna tehnolohi tea, korong tiasa diledotkeun ti katebihan radius ratusan kilometer, teu nganggo kabel deuih namina … “Korongless” hihih…
Muhun pisan Wa, ieu teh duka nu mana nu error manawi teh di abdi wae...
Tipe hurupna janten robih, lebet surelek teh sanes text tapi image…siga jpg, bmp, tiff?!
Titatadi bade ngahaturkeun Wilujeng ka Cep Dudi, kuatka 3 kali, teras kaluar heula (Shutdown)...lebet deui… kaluar deui… lebet deui…
Tungtungnamah teu eleh geleng ku kompi, dibobodo heula...muka surelek Kang Endoel, teras di potong, nyerat heula di Word dialihkeun (cut & paste) ka surelek kosong...salamet aya tah mucunghul...
Sanes nyingsieunan abdi mah…bilih leres saur Kang Nata (nepangkeun, Kang…) aya jaram di milis…
ro2 
Atuda neng Roro mah sok sering diledotan korong ku kang Ndul, janten katepaan..
heuheuheu.....
 
ssw
aneh dinten ieu postingan teu tiasa neukteuk buntut....janten ngagebay..
tulung saha anu uninga...cara neukteuk buntut.



Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke