Saha nu geus papanggih jeung maung? kuring mah enggeus ....di kebon
binatang ..hehehehe. Maung dina wikipediana Kang Kumi, ngan nerangkeun
maung lodaya  wungkul.  Padahal maung sanes maung lodaya wae, aya oge
maunng tutul jeung maung Kumbang (ceuk cenah mah maung  tutul jeung maung
kumbang teh sarua, ngan beda warna buluna wungkul, maung tutul,
totol-totol, ari maung kumbang, hideung meles) . Beda jeung maung Lodaya
nu bisa diwarah ( sok dijieun tontonan sirkus) maung tutul/kumbang, teu
bisa diwarah, tetep we galak sanajan diingu oge. Maung Tutul masih loba di
pulo Jawa. Baheula di Sumedang, aya maung kumbang nyumput dina para WC
sakola. Pas aya anu asup ka WC, kabeneran Satpam, maung reuwaseun,
ngagubrag tina para terus gelut jeung satpam. Maung paeh, satpam ......
tatu, barobotan getih.

Kuring kungsi manggihan anak maung tutul waktu survey di Gunung Ijen Jawa
Timur. Harita kuring dina mobil, aya nu ngajleng ka jalan, teras meuntas
jalan,  pas disidik-sidik  geuning anak maung tutul.  Tapi sanajan ukur
anakna, simana karasa, bulu punduk jadi murinding. Sigana indungna teu
jauh ti dinya. Eta maung keur ngagalaksak sato ingonan di lembur eta,
sabab loba domba jeung embe paeh dina kandangna, dikerekeb sato galak. 
Maung Tutul/Kumbang liar oge kungsi kabejakeun ditewak di Taman safari
bogor.

Salian ti maung tutul, aya deui ucing leuweung nu disebut meong congkok.
Ieu "maung" kulantaran leutik sagede ucing disebut meong. Meong congkok
warnana koneng. Di pilemburan meong congkok teu dipikaresep, sabab sok
malingan hayam.

Cikan baraya, aya keneh henteu "bangsa ucing" nu sejenna nu aya di Tatar
Sunda?

Baktos,
WALUYA

----- Original Message -----
From: kumincir
To: [email protected]
Sent: Tuesday, June 06, 2006 12:23 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] kidung silung...


Maung atawa macan (Panthera tigris) nyaéta mamalia kulawarga Felidae,
salasahiji "ucing badag" nu asup kana marga Panthera. Maung mangrupakeun
karnivora.



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Home is just a click away.  Make Yahoo! your home page now.
http://us.click.yahoo.com/DHchtC/3FxNAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke