hehe2...sanes turunan maung abdi mah,kasep... mung...eta basa sunda....luhur sareng jero hartosna... eta oge, sapalih abdi kenging beberan ti salah sawios sesepuh bandung. sok sareng upami aya acara di padepokan seni budaya di jl.PETA teh anjeuna tos sajajaran,ngajajar sareng sepuh2 nu sanes...termasuk (alm) Kang Eka jati...
anu saurna...basa sunda mah basa hirup....maksadna mah...basa urang teh basa anu teu keuna ku hartos langsung kalimatna wungkul... tapi aya hartos anu leuwih jerona deui dina eta basa teh... pami dina qur'an gen aya hartos muhkamat sareng muhtasyabihat tea... samisalna deui...siloka urang sunda anu sanesna yeuh,kang... KUJANG.... anu syareatna mah mangrupakeun pakarang atanapi sanjata satria sunda. anu saurna teh...ari hartosna KUJANG lain ngan saukur dedeganana pakarang wungkul...aya maknana...malih tina bentuk/rupana, gerat2na,bolong2na ari KUJANG teh tina...KUkuh (kana) Jangji.... matak di ceupeungna ge ku lima ramo anu dikeupeulkeun...sapertos anu meureup... anu hartosna di ibaratkeun nuju ngeupeul...nyilokakeun yen jangji teh kedah diceupeungan sapageuh2na...... malihan mah...ditapeulkeun deui eta kujang teh na dada urang....gggeeeuupppp.....supados mantep,tep,tep.... tah kitu.... memang ieu mah hiji pakarang nu kedah digaduhan ku urang sadaya, boh anu nuju dikersakeun dina widang nanaon2 oge....kedah "nyandak" KUJANG... kang Saprudin, bilih gaduh kujang...abdi bade ah....pas kamari ninggal kujang dua , dihijikeun... aneeh kang....subhanallah....sapertos bentuk kubah masigit....abdi langsung kataji.... mmmmhhhhh........urang sunda teh geus islam samemeh aya "bendera" islamna geuning... hatur salam, Jaka Bandung. SP Saprudin wrote: > Kang Jaka teh turunan maung ? Iiih meni sieun kuring mah. > (hi..hi...punten kang, banyol) > > > jaka <[EMAIL PROTECTED] <mailto:jaka%40sibdg.com>> menulis: > MAUNG..... > > dina raga urang ge aya pasipatan sato, maung oge aya... > cicingna di leuweung... > sabab geus ngarajaan/dikawasakeun leuweung teh jadi patalukan manehna. > sagalak2na maung...tapi amun di jero leuweung mah cicingeun,lindeuk.... > ngan ukur di leuweung manehna bisa ngarasa betah,geunah.... > lamun kaluar ti leuweung, ka imah-imah, atawa ka dayeuh...bakal kasebut > eta teh maung ngamuukkkk... > > -----X diteukteuk k#5 > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Home is just a click away.� Make Yahoo! your home page now. http://us.click.yahoo.com/DHchtC/3FxNAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

