Skala Mercalli diciptakeun ku saurang ahli ti Itali nu ngaranna Giuseppe Mercalli. Skala Mercalli ieu dipake jang ngukur kakuatan lini dumasar kana informasi ti jalma-jalma anu salamet tina lini, jeung ngabandingkeun tingkat karuksakan anu ditimbulkeun ku eta lini. Kusabab eta, Skala Mercalli ieu subyektip pisan. Tapi anapon kitu, skala Mercalli ieu remen dipake di tempat anu teu ngabogaan seismometer anu bisa ngukur kakuatan lini di tempat kajadian.

Skala Mercalli :
1. Teu karasa
2. Karasa ku jelema anu aya di wangunan luhur
3. Siga aya kareta beurat nu ngaliwat
4. Siga aya barang beurat anu nabrak imah, barang-barang anu ngagantung oyag
5. Dirasakeun di luar imah, hiasan nu ngagantung di tembok obah, barang laleutik dina rak ragrag
6. Karasa ku sakabeh jelema, tembok imah ruksak
7. Pager tembok rempag, jalma-jalma teu bisa nangtung atawa leumpang
8. Wangunan nu teu kuat bakal ruksak
9. Wangunan nu teu kuat bakal ruksak tekuk
10. Sasak ruksak, sakapeung aya longsor
11. Rel kareta api ruksak
12. Kabeh wangunan pisik ancur

regards,
Reddy

Technical Dept.
Ph. +62 31 8964555, ext 2533

       
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke