Maung, najan awakna jauh leuwih badag batan ucing, paripolahna jeung struktur/dedeganana mah méh baé sarua. Sakabéh bangsa ucing watekna karnivora sarta pinter pisan moro.
Watesan maung ukur ngawengku opat spésiés Panthera: singa, lodaya, maung tutul (kaasup maung kumbang), sarta jaguar. Anggota genus ieu bisa ngagaur, sedengkeun bangsa ucing nu lianna mah henteu. Ku kituna, kabisa ngagaur téh kadang dianggap ciri pangbéda pikeun golongan maung. Spésiés genus Panthera lianna, citah, maung salju, jeung puma, nu jaluna bisa nepi ka 70 kg atawa leuwih saeutik, mindeng ogé digolongkeun kana maung.
Sababaraha jenis ucing, misalna ling Eurasia, beuratna ukur 25 kiloan, leuwih beurat batan ucing inguan, tapi teu dianggap kaasup maung.
Spésiés
Genus Panthera:
* Lodaya, Panthera tigris (Asia)
* Singa, Panthera leo (Aprika, Leuweung Gir di India; ogé di Éropa tenggara jeung Tatar Arab jaman baheula)
* Jaguar, Panthera onca (Amérika, ti Méksiko nepi ka Argéntina kalér)
* Maung tutul, Panthera pardus (Asia jeung Aprika)
"Maung" lianna:
* Citah (cheetah), Acinonyx jubatus (Aprika)
* Puma, Puma concolor (Amérika Kalér jeung Kidul)
* Maung salju (snow leopard), Uncia uncia (pagunungan Asia Tengah)
* Clouded Leopard, Neofelis nebulosa (Asia Tenggara)
Hibrid:
* Tigon (Lodaya jalu/Singa bikang)
* Liger (Singa jalu/Lodaya bikang)
* Jagulep (Jaguar jalu/Maung tutul bikang)
* Lepjag (Maung tutul jalu/Jaguar bikang)
* Singa Tutul Kongo (Congolese Spotted Lion) (Jagulep atawa Lepjag/Singa)
* Marozi (Singa jalu/Maung tutul bikang)
* Leopon (Maung tutul jalu/Singa bikang)
* pikeun hibrid séjénna, baca hibrid Panthera
Maung nu statusna can écés (spésiés anyar, suspésiés ti nu geus aya, atawa dongéng):
* Onza (Méksiko Pra-Kolumbus)
Ucing sedeng:
* Genus Lynx:
o Ling Eurasia, Lynx lynx (Éropa jeung Asia)
o Bobcat, Lynx rufus (Amérika Kalér)
o Ling Kanada, Lynx canadensis (Amérika Kalér)
o Ling Iberia, Lynx pardinus (Éropa)
* Oselot, Leopardus pardalis (Méksiko, Amérika Tengah jeung Kidul, sarta Texas kulon-ngidul, AS)
* Karakal, Caracal caracal (Aprika)
* Serval, Leptailurus serval (Aprika)
Tumbu kaluar
* Wikijunior Big Cats ti Wikipustaka
* NatureFootage Big Cat pictures and video clips
* How big are the Big Cats - artikel di Big Cats Online nu ngawengku diagram babadingan awak sababaraha spésiés ucing.
* ARKive - images and movies of endangered big cats
Sumber rujukan
* Big cat, Wikipédia édisi basa Inggris (7 Juni 2006)
Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Maung"
--
lllj
kumincir.blogspot.com
www.urang-sunda.or.id __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

