maos cariosna bah wily oge kang kumi perkawis Sakadang maung..
Abdi oge gaduh pangalaman.
Taun 1977 diajak botram ka Gunung Galunggung ku Tatangga anu ngayakeun ulang Taun istrina. Angkat ti tawang banteng teh saatos netepan Magrib da rasa maneh perjalanan teh ngan 6 kilo meter ieuh , bebekelan anu di candak teh salian ti tenda oge nyandak Domba hirup anu bade di di sate  engke di Galunggung.
Wanci Isya geus anjrog ka tutugan galunggung, pernahna di cipanas.Babaturan terus milarian tempat anu merenah jang masang tenda jeung meuncit Domba.nya meunang tempat di luhureun Cipanas tapi sateuacan curug galunggung,.anu lainna mah milarian suluh pangpung anu gararing jang siduru jeung meuleum daging domba..
Tenda geus di pasang, domba oge geus di pencit, terus di beresihan, saatos di beresihan terus sakadang domba teh di gantungkeun ameh babari motongan dagingna..bari geutihna mah masih ngucur keneh
Acan oge meuleum daging kalaksanakeun, di tonggoheun tetelar anu ku kuring di pasang tenda, ujug ujug aya sora anu pi kasieuneun jeung rarasaan teh beuki lila beuki atra kadengena...
Duka kumaha kajadian saterusna.. , pokona mah sikuring jeung babaturan saenggeus nguping sora anu pikasieunan beuki deukeut , terus lumpat lampet satakeurna muru ka pakampungan Cipanas..teu nolih kana tenda komo kana daging domba mah.. pokona mah bisa nyalametkeun awak oge geus untung ceuk pikir harita mah..
Dikampung Cipanas kajadian anu karandapan ku kuring jeung babaturan di caritakeun ka urang Cipanas...ceunah mah memang lamun aya anu meuncit domba peuting peuting di tonggoheun kampung cipanas sok aya anu turun "Urang Gunung"...
Pokona mah peuting harita kuring jeung babaturan milu mondok di hiji imah urang cipanas...
isuk isukna masih panasaran.. kana daging domba anu di gantungkeun di hareupeun tenda..
eta mah tendana geus ruksak siga aya anu ngarewolan... daging domba teu nyesa tulang tulangna acan...Lombang urut miceun jeroan domba jeung geutihna di ubrak abrik..euweuh nu nyesa hiji hiji acan... teu bisa mastikeun peuting anu datang teh duka Maung, duka Kerud, duka ajag... pokona mah ceuk urang Cipanas mah "Urang Gunung" nyebutna teh...
 
tatan
cag ah
 
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]On Behalf Of kumincir
Sent: Thursday, June 08, 2006 10:00 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Dongeng Maung (deui) ...ah ...

Kuring mah nampa dongéng ngeunaan maung (sigana mah lodaya) téh basa keur ulin ka Singajaya (ti jalan ka Pameungpeuk nyingcet ka kénca, cenah mah brasna téh ka Deudeul, Tasik). Ulin ka dinyana mah taun 97/98, ka imah mitohana kapilanceuk. Jol aya urang dinya nu nganjang, kira umur 30/40-an, laju uplek ngobrol.

Ceuk manéhna, kira sababaraha taun ka tukang, kungsi panggih jeung maung di leuweung tonggoheun lemburna (lembur anu pangtungtungna téh ngaranna Pameungpeuk, nampeu pisan ka leuweung, kahalangan ku salembur deui mun ti imah nu dianjangan mah). Eta mah cenah  paamprok pisan di jajalaneun (jalan satapak di leuweung), ukur anggang welasan méter meureun. Sigana mah duanana pada reuwas/kasima (saguru saélmu mapatkeun aji nu sarua, "sima aing sima maung", boh ceuk maung atawa ceuk si emang, heuheu...), si emang téh geuwat nyasar lebah cangkéngna, ceg kana pérah bedog. Ngan, teu pati lila, si maung téh kalah mégkol. Sabari ngawaskeun sakadang maung nu ngajauhan, si emang neruskeun lalampahanana. Kaawaskeun, horéng éta sakadang maung téh ukur nyingkahan jalan, da sanggeus pasalingsingan mah, si maung téh balik deui ka jalan satapak téa, ngungkug ngajauhan.

jk

On 6/8/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Dongeng maung ah, sanajan kuring papanggih jeung maung (lodaya) ukur
di kebon binatang. Maung lodaya di Pulo Jawa cenah geus punah. Tapi
dongengna masih kadenge tepi ka ayeuna. Waktu kuring survey di kawah
Ijen, urang dinya, teu bisa ngabedakeun mana maung lodaya atawa maung
tutul. Pokona maung, nu pikasieuneun. Saperti nu dicaritakeun posting
kamari, kuring kungsi papanggih jeung anak maung tutul, ngan kuringna
dina mobil, maungna ngajleng ka jalan, jadi teu pati sieun. Tapi
balad kuring, harita teh pasanggrok pisan, jeung anak maung eta,
manehna keur survey geomagnetik di jero leuweung.


__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke