Mang H, bekantan (sok disebat oge monyet Walanda pedah irungna mancung) 
dina acara TV ngan sok disebatkeun ngan aya di Kalsel wungkul, padahal 
kuring kungsi manggihan di sisi Walungan Ketungau, anakna walungan 
Kapuas, di jero Kalimantan Barat. Harita teh taun 1982, kuring naek 
parahu ti kota Sintang nuju hiji tempat di deukeut tapel wates jeung 
Sarawak. Angkleung-angkleungan di walungan meunang tilu poe. Di poe 
kadua, kuring nepi ka hiji leuwi. Caina walungan rada cicing, didinya 
kuring ningali aya nu keur kakalacatan dina tangkal di sisi walungan. 
Irungna bangir ..... euh eta bekantan teh. Di foto, ngan duka kamana 
fotona teh, ical. Di leuwi eta oge kuring ningali uncal ngojay meuntas 
walungan. Ngojayna nyerong nuturkeun arah cai.

Heuheuheu .... pangalaman jaman keur ngora, teu karasa eta teh geus 
leuwih ti 20 taun ... 

WALUYA 


--- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kanggo nambihan info, urang Borneo aya nu milih
> "mascot" monyet irung mancung, alias Bekantan. Aya
> budayawan nu ngritik, sabab cenah karakter monyet mah
> sok resep cilih cakar. Hehehe.
> 







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Everything you need is one click away.  Make Yahoo! your home page now.
http://us.click.yahoo.com/AHchtC/4FxNAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke