Ngiluan akh ! Ceuk beja maung sok sieuneun ka jelema anu make kacamata. Sabab aya caritana. Kieu caritana, baheula kira-kira taun 1986 basa kuring masih keneh leutik aya urang bule datang ka lembur kuring. Eta urang bule ku barudah laletuik jadi bahan tontonan. Aneh meureun ningali jalma warna kulitna jeung buukna beda. Maklum anu ngarana urang kampung teu kaop nempo anu araneh, brul salelembur ngaleut ngabandaleut hayang ningali urang Bule. Kacaritakeun, bule hayang ulin ka jero leuweung. Eta urang bule datang ka kantor bale desa. Kaleresan anu jadi Kadesna ua kuring. Eta urang bule hayang aya batur pikeun ulin kajero leuweung. Singkat carita anu jadi batur urang Bule nyaeta Hansip Desa anu ngarana mang Romli. Singkat carita urang bule jeung mang Romli asup kajero leuweung, teuing neangan naon. Di tengah jalan tengah leuweung urang bule jeung mang Romli panggih jeung sato anu ngarana maung. Eta maung teh meni badag, warna kulitna belang, sorot matana seukeut, jiga hayang nyapruk mangsa. Ari urang bule panggih jeung maung teh lain sieuneun, malah bungah anu kacida. Ceuk urang bule tina basana anu teu kaharti ku urang lembur "I don't believe in the saying a friend in need is a friend indeed". Teuing naon maksudna urang bule ngomong kitu teh. Eta ajaib maung bisa ngarti bahasa inggris urang bule bari ngajawab jeung ngomong deui : "Yes, I know, but it's not so easy to make friends with people ngauuuuuummmmmmmm grrrrrr". Mang Romli anu jadi batur urang bule olohok mata simeteun. Dina jero hatena ngagerentes "asa-asa ngimpi aing teh, na aya maung bisa basa inggris sagala". Eh si maung ngareret mang Romli. Si maung nyarita ka mang Romli ku basa inggris : "you look rather pale, what's up? Eta mang Romli tambah pias beungetuna. Urang bule mesem ningali mang Romli pias jeung bari hitut sagala. Ceuk urang bule ka mang Romli : Mang ulah sieun, da maung oge moal mangsa urang. Ceuk mang romli, "abdi sanes sieun ka maung juragan, nanging isin ku ngaranan sato bisa basa inggris. Oge ku naon eta maung jadi lindeuk ka juragan?" Ceuk urang bule kieu carita, mimiti kuring panggih jeung maung waktu aya di leuweung Afrika. Sangkan maung ulah mangsa ka manusa, carana gampang. Kieu carana" Urang bule bari ngaperaktekkeun muka calana jeung kolorna diteruskeun nonggeng nukangan si maung. Ceuk urang bule, eta maung moal jadi mangsa urang, kusabab maung oge bingungeun ningali urang.
Ha..ha..ha..ha..gelo anyar euy !!! Pis akh...!!! --- In [email protected], Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Upami teu lepat, eta lagu aya dina dongeng sakadang Kuya jeung sakadang Monyet, > lengkepna mah kieu ; > Tret trot tret trot.. > suling aing tulang maung > ditoktrokan ku caladi > diliangan ku bangbara > dipasieup ku sireupeun > torotott..hauungng... > > kitu manawi > > ssw > > > waluya56 [EMAIL PROTECTED] > Ngobrolkeun sasatoan di Tatar SUnda, cenah sato "mascot" Jawa Barat > rek diganti ku Surili, lain badak deui, da badak mah ayana di > Ujungkulon Banten. Tah dimana nya, tiasa ningali surili di > alam "liar" di Jawa Barat?. Kuring kakara ningali monyet jeung > lutung, di Tatar Sunda, tapi surili oge Oa (owa?) can ningali, ari > lain di kebon binatang mah. > > Keur budak sok aya lagu budak, nu unina teh kieu : > > Torotot heong, > suling aing tulang maung, > diliangan ku bangbara, > dipikasieup ku sireupeun, > Cing saha nu apal ? ....... > > WAL > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda > Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Home is just a click away. Make Yahoo! your home page now. http://us.click.yahoo.com/DHchtC/3FxNAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

