Ngilu pameran teh bane bae diajak ku barudak ti anu raresepeun buku, enya nyebut barudak teh da jeung sabenerna barudak keneh, lolobana mahasiswa, nya dianggap barudak we dibandingkeun jeung kuring anu geus huisan mah anu umur geus maju ka 56 taun, atuh nyebut raresepeun buku teh eta ge sabenerna lain bae ngan sakadar macana tapi oge jarualan buku, resep teh ku kreatifna anu aya tujuan bisnisna keur ngabayuan dirina, keur ngabayuan karesep macana.
Pameran buku teh dibagi dua kategori, nyaeta anu jualan buku tapi lain ti penerbit atawa toko buku, ieu mah estu ti komunitas-komunitas buku saperti Lawang, Tobucil, Baca-baca, Malka, JBA (Jaringan Buku Alternatif) jste, jeung anu ngan sakadar pameran teu meunang jualan, nya saperti ti 1001 buku, jeung kuring Rumah Baca Buku Sunda.
Ieu komunitas buku teh gawe bareng jeung nu ngurus gedong Indonesia Menggugat, teu dipulut bayaran anu gede, nu ngajualan buku ukur dipenta 50 rebu, sedengkeun anu ngan sakadar pameran mah haratis, tempatna ge dibedakeun.
Pangna kuring daek ngiluan kana ieu kagiatan, alesanana mah keur publikasi yen aya Rumah Baca Buku Sunda, kuring nyieun hiji leaflet atuh nyadiakeun kartu nama anu rada loba bisi anu ngadeugdeug teh perelueun boh alamat atawa nomer telepon kuring.
Salila ngiluan opat poe pameran teh tujuan publikasi rada kahontal, buku tamu kaeusian aya kana 65na, atuh liputan ti media masa ge aya, diantarana dimuat wawancara kuring dina Tribun Jabar poe Salasa tgl 6 Juni 06, sok sanajan saeutik tapi sahenteuna aya tapakna, anu can karuhan teh wawancara Kompas Jabar, naha dimuat atawa hanteu, ceuk cenah mah rek dimuatna teh dina rubrik pustaka.
Atuh ti STV stasiun lokal Bandung oge aya malah kuring diwawancara pisan rada lila, da majarkeun teh keur sasegmen (duka teuing sakumaha sasegmen teh),ngan anu ngawawancara teh budak ngora buukna ge rada dibeureuman atuh gayana siga anu dijieun jieun, heug we lah kuma dinya palebah dinya mah da memang geus jamanna, cenah mah rek disiarkeunana teh poe jumaah tanggal 23 Juni 06, sigana mah dina acara Bandung Tea, ngan teu eces jam sabarahana.
Atuh poe tadi poe panungtungan aya deui anu ngaliput teh ti TV CT Channel (TV lokal Bandung), tah ieu mah awewe kabeh kru-na teh, ngarora pisan, aya duaan. Gayana ngawawancara geus beda deui ti anu kamari, aya pertanyaan anu matak rada ngajenghok "Apa sebabnya bapak ikut pameran sedangkan buku-bukunya tidak dijual…?" (da enya kuring teh nyieun tulisan ditempel dina dingding tembok anu unina "Koleksi Rumah Baca Buku Sunda, Tidak Dijual), kuring ngajawab teh keur publikasi supaya anu sok maraca buku Sunda nyarahoeun aya Rumah Baca Buku Sunda jeung koleksina diantarana siga kieu, ceuk kuring bari nunjuk kana buku-buku anu aya.
Pangna rada ngajenghok teh naha enya kudu kitu jawabanana kalawan jujur, sabab sabenerna aya sari-sari supaya kuring jadi kawentar, tah didieu teu jujurna, ngaku ngaku we siga nu enya idealis.
Poe tadi beres kukud teh kuring terus amitan ka panitia, sakalian nganuhunkeun kana mere tempatna, barudak teh giak pisan rek ngarajak deui lamun aya kagiatan anu sarupa di tempat lain, kuring mah nyanggupan we sakadugana.
Poe tadi ge kuring teh ngobrol rada lila jeung pupuhu pangurus gedong Indnesia Menggugat mun teu salah mah Pa Darmono ( bener teu mang J..?, rada poho deui yeuh, pan beliauw teh pangsiunan ti ITB), kuring ge nepikeun hayang ngagunakeun eta gedong keur pameran buku Sunda, inyana ngahaminan malah mere respon anu hade, ngobrol teh nepi ka kana kosmologi Sunda sagala ari beliauw mah nyawangna tina arsitektur Sunda, atuh kuring mah sabisa bisa we ngengklokanana, malah ku kuring teh disodoran buku Gebrukien en Godsdienst der Soendaneezen beunang KAH Hidding terbit taun 1935, heu heu…kuring teh siga nu heueuh we bisa basa Walanda, padahal mah beu teu ngarti saencret-encret acan nu inget teh hartina mooi wungkul, bisa nyebut yen eta buku nyabit nyabit kosmologi Sunda pedah we aya kekecapan pohaci (pwah aci ceuk Arthur S Nalan mah anu hartina acining wanita).
Enya resep ngilu pameran teh, resepna loba silaturahmi, anu tadina teu wawuh atuh jadi wawuh, anu tadina ukur wawuh munding jadi wanoh, kabuktian kuring bisa wawuh jeung Mas Widodo Pamudji ti Yayasan Obor perwakilan Bandung malah inyana kaluar ucap cenah rek mere buku buku kaluaran Obor keur nambahan koleksi Rumah Baca, nuhun pisan Mas…!
Tina ieu pangalaman bet jorojoy hayang nyieun Pameran Mini Buku Sunda, mun bisa tempatna di rohang hareup (loby) kantor atawa hotel, tujuanana mah keur ngawanohkeun buku Sunda dipancing ku buku kuno ngeunaan Sunda, buku kuno rada dipikaresep da salila pameran teh lolobana nanya buku heubeul sebut we Kamus Jonathan Rigg tea, atawa Priangan De Han, atawa Semerbak Bunga Di Bandung Raya Haryoto Kunto, atawa Wawacan Purnama Alam.
Barade yeuuhhhh….!!!
 
MSas
 
(eh enya dina kompas jabar poe ieu aya wawancara jeung kuring soal buku Sunda,gambarna kang Didin, relawan Rumah Baca Buku Sunda, kang Didin ge panyajak Sunda karyana wangun sajak Sunda dimuat dina Koran Sunda poe Salasa tanggal 06-06-06 )
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke