Kang Eka, kuring sanes damel di Metro TV, namung janten karyawan UI, janten "buntut"na pimpinan. Ari buntut mah pan kumaha hulu. Lamun ceuk hulu, "maneh kudu milu", nya kuring kedah "siiaappp, segera laksanakan." Cicing wae di kantor, nya entos ngahekok di kantor.
Tapi kuring gaduh rerencangan (sobat) di Trans TV ngasuh hiji acara pemberitaan. Upami informasi ti kang Eka, gaduh "nilai berita", biasana sok diliput. Naon kriteria hiji berita anu kedah diliput, tiap-tiap stasiun televisi benten-benten kawijakanana. Matakna, sok hese ari ngundang media televisi teh. Siga kamari waktos SIMPAY-UI ngayakeun diskusi, "penemuan situs baru di Baranangsiang Bogor, sareng aya pagelaran kasenian Sunda anu biasa dipintonkeun dina Upacara Seren taun di Bogor. Ari ceuk kuring mah, acara eta teh gaduh nilai berita. tapi ceuk sobat kuring di trans tv mah cenah "gak layak ditayangkan". Tapi ahirna aya pemberitaan di Media Indonesia, anu nginformasikeun ayana situs jeung peninggalan arkeologi di Bogor. Sok Sanajan informasina ngaco, wartawanna heunteu konfirmasi ka para ahli di UI, tapi cikal bakal berita di koran eta teh, kumargi aya acara diskusi SIMPAY-UI. baktos, mrachmatrawyani --- Eka Rahmaedy Sunarya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang Rachmat, tepangkeun abdi Eka R. Sunarya , > linggih di Jakarta, bade > tumaros manawi leres rupi akang teh damel di Metro > TV ? > Upami leres abdi nyungkeun tulung nitip bahan > berita.... __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> You can search right from your browser? It's easy and it's free. See how. http://us.click.yahoo.com/_7bhrC/NGxNAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

