assalamu'alaikum..
 
tanggal lima juni, opat poe kamari, abah nuno pernah ngintun postingan ngeunaan berendelana gerakan nu make suku: noker, nejeh, nalapung, nalipak, nete, niti, najong, naplek, nejek, nincak, ditambahan ku baraya nu lianna.
 
aya hiji deui nu nyababkeun basa sunda basa nu endah. ngaprak jeung ngapruk. asa ampir saharti jeung ngacaprak jeung ngacapruk. duanana nuduhkeun pagawean nu teu diniatan, sakaparan-paran. bedana nu kahiji mah ku suku, nu hiji deui ku baham atawa ku tulisan. ngacaprak jeung ngacapruk ukur nyisipkeun -ca- ka kecap ngaprak jeung ngapruk. beu kurang kumaha endahna tah.
 
wassalam, kuring
 
dh
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke