Mangga urang lenyepan ieu nu biasa ku urang diucapkeun
"Alhamdu-lillaahi rabbil'aalamiin"
Sadaya puji kanggo/kagungan Allah Pangeran Nu Murbeng Alam
Aya tilu rupi nu kaunggel dina ayat ieu nu peryogi di guar sareng di lenyepan nya eta:
1.      ALLAH
Alam katut sugri nu aya di satangkaraking jagat pasti aya nu nyieunna, kusaha di jieunna?
Lamun ku urang dicukcruk ka puhuna bakal kapanggih kaayaan nu sarwa tunggal the dadamelan Al-khaliq, Allah Nu Maha Kawasa, Pangeran Nu Maha Esa
2.   ALAM, aya opat nya eta:
a.   Alam Arwah, lir ibarat alam proyeksi. Nurutkeun panenjo panon bathin mah eta wujud the geus aya, tapi ieu kakarek wujud ghaibah teu acan dugi kana wujud syahadah.
      Wujud ghaibah sagala mahluk nu bakal lahir ka alam syahadah geus aya di alam arwah.
b.   Alam Dunya, alam nyata atawa alam syahadah. Alam ieu the alam amal, salila urang ngumbara di alam dunya, urang kudu temen wekel ngumpulkeun pibekelan hirup di alam kalangengan nu tan wande bakal kasorang.
Nu hirupna ngaberung ngalajur napsu, ngijing sila bengkok sembah ka Nu Maha Kawasa, cadanganana adzab naraka nu beurat jeung nyeri taya papadana.
Sing saha nu sumujud ka Mantenna, bener-bener iman tur ngamalkeun amal soleh, taya cacah taya menak, taya benghar taya sangsara, pasti sinelir jadi kadeuheus-Na, dipaparin kani'matan di taman kalangenan nu langgeng taya tungtungna. Kitu mungguh kaadilan Nu Maha Adil, pantrang nanggeuy ti bongkokna, beda jeung kaadilan manusa di alam dunya; bangsat gerot nu ngagarogot padaringan ngeunah-ngeunah medah meduh, lain bae aman teu digunasika malah pada ngadama-dama.
c.   Alam Barzakh >>> Alam kubur, alam tutunggon nepi ka dihudangkeun dina yaumat-ba'ats
d.   Alam Aherat >>> Alam kalanggengan. Alam ieu lain alam usaha ngadu tanaga tapi alam mipit hasil pepelakan di alam dunya.
 
3.   PUJI
Teu aya nu luhung elmuna iwal ti Gusti Allah, Mantenna nu kagungan hak dipuji. Alhamdu-lillaahi rabbil'aalamiin. Mantenna teu meryogikeun nu mantuan kanggo nyiptakeun ciptaanNa, cekap ku ngadawuh kun fayakun   
 
-Ayat Suci Lenyepaneun-
 
Tah kitu para wargi…….cah sakieu heulan ti sim kuring, engke dina id. Nu sami urang teraskeun deui.
 
 
Baktos
-ida-

 


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke