Hapunten juragan, sim kuring urang Banten. Alamat lembur kuring anu 
katelah nyaeta Bayah, Kec. Bayah - Kab. Lebak-Banten.

Juragan, kumaha carana sangkan Kec. Bayah teh tiasa lebet ka 
Propinsi Jawa Barat, ngindungna ka Kabupaten Sukabumi anu ayeuna ibu 
kotana Pelabuhan Ratu. Kaleresan lembur kuring tatanggian sareng 
Kab. Sukabumi Jawa Barat.

Banten teh budak keneh jadi Propinsina, nanging eta gegeden atawa 
pangawasa Banten garede hulu. 
Asa gede pangharepan Banten jadi propinsi sangkan masyarakat Banten 
tiasa maju tina pangwangunan. Impian tinggal impian, ayeuna kacida 
ruksakna moral, akhlaq para pajabat Banten.
Eh...kara kamari Banten jadi propinsi, rea pisan para pajabat anu 
teu ecreg. Gubernur di bui lantara korupsi. Aya deui wakil Bupati 
Kabupaten Lebak di bui, lantara ngadahar obat jurig (narkoba). Aya 
deui Ketua DPRD Propinsi Banten kabur teuing kamana lumpatna, 
lantara sieuneun di tewak pulisi lantara korupsi. Aya deui Ketua 
DPRD Kab. Lebak dibui lantara korupsi. 
Rea pisan para pajabat di Banten anu teu arecreg.

Lieur uing mah, rea pejabat Banten anu turunan gundik Mataram atawa 
turunan ramusha meureun. 


--- In [email protected], MRachmat Rawyani 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Aya paribasa, rea jalan pikeun nyorang ka Roma. Tah
> Prinsip eta anu ku kuring dipraktekkeun,kanggo
> "nyaketan" pa Gupernur Danny Setiawan. Saha anu
> terang, hiji mangsa tiasa pendak deui sareng pa
> Gupernur, ditingalikeun wae fotona, maenya teu kenal.
> 
> Pami kang SR hoyong pendak atanapi hoyong difoto
> sareng pa Gupernur, ku abdi dipasihan jalan.
> Ceuk cenah Pa Gupernur sareng jajaranana bade nganjang
> ka Kampus UI di Depok. Tah, dina acara eta, kuring rek
> "colonos", masihkeun buku keom Kang SR ka pa Gupernur.
> Tinggal pok wae "pa, pangarang buku ieu hoyong pendak
> sareng difoto sareng Bapa." Ma enya nolak.
> 
> Tapi kuring oge boga impian, lamun kang SR tiasa
> ngadamel buku, kagiatan sadidinten pa Gupernur, pasti
> seueur pangalaman "keom" anu tiasa didongengkeun.
> Sigana can aya hiji buku anu ngupas hiji tokoh
> selebritis JABAR , tina sudut pandang "keom". 
> 
> --- sr <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Sae eung, sami ageungna he he
> > Kang Rahmat mun abdi nyarios kawas kitu ka Pa Danny
> > "Pa abdi urang Sumedang, hoyong di foto sareng Bapa"
> > Boa jawabna kawas kieu. "Siapa sih lo!"
> > sr
> 
> 
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
> http://mail.yahoo.com
>









------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Get to your groups with one click. Know instantly when new email arrives
http://us.click.yahoo.com/.7bhrC/MGxNAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke