assalamu'alaikum, wilujeng kasiangnakeun ...
 
kade, judul diluhur lain kuring ngageroan si mamah jeung si teteh. da mamah jauh, teteh sagebrolan mah teu boga. ieu mah pangalaman kuring ngacaprak make basa sunda.
 
can lila sabenerna mah resep curat-coret, nuliskeun aksara. karek kira-kira dua warsih katukang. sanggeus kapaksa kudu nyieun analisis di hiji koran. ti sd-sma teu pisan dibere resep kana tulas tulis. malah bisa disebut paling geuleuh lamun thb aya panitah ngarang. balukarna palajaran b indonesia kuring nilaina goreng wae. heup sajarahna dugi kadieu wae.
 
ayeuna, geus sejen deui. ngarang jadi hobi. malah aya obsesi gede kuring nyieun nopel sagala. padahal kana perelmuan ngarang can bisa. cenah mah kudu loba maca. teu jiga kang ndoel nu tos tiasa ludat ledot he he he he. heup deui nyaritakeun kahayang kuring dugi kadieu.
 
kuring resep ngacapruk di weblog, sok disinget blog. karangjingan pisan nyieun alamat di sababaraha situs nu nyadiakeun. aya puluhna alamat blog nu ku kuring geus dijieun. ngan nyakitu tara ka urus, sok ukur jadi runtah di dunya maya (kade ulah di awalan ku luna, eta mah urut kabogoh). alesan kahiji make blog, teu kudu mayar alias gratis, kadua geus nyadiakeun template-na. keur kuring nu teu ngarti basa internet kacida matak ngabantuna. conto blog kuring di dudiherlianto.multiply.com
 
tah di dieu pisan nu jadi masalah. sababaraha poe ayeuna dina ngacaprak, kuring geus bisa rada panjang. alhamdulillah maju euy. nu sasari mah curat coret teh paling banter dua tilu pada. ngan waktu diilo deui sok hareneg, beu geuning asa ku loba "mah" jeung "teh". nya kapaksa nu teu pati kudu make ku kuring di piceunan deui. pagawean nu cek kuring miceunan waktu. coba lamun dina tulas tulis pamakean kecap kuring geus epektip....hi hi hi hi hih ari kuring sok hayang kontan wae, pan sagala ge butuh waktu lin? aya kalana, mimindengna, sagala ge kudu dicicil. sanes kitu baraya?
 
sakitu meureun pangalaman simkuring. kanu tos pinter dina kurang-korong diantos asupanna he he he he. supados sikuring mahir ludat-ledot :). hatur nuhun.
 
dh
--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke