waduh... mutan tea meureun kang tan. keur mahabu ayeuna mah. aya wolvie, cyclop, prof x, magnetto, dark phoenix, night crawler jsb. ngan rengrengan mutan nu pandeuri kapiheulaan asup ka bogor ku mutan di kang tantan. padahal si kuring geus diniatan hayang lalajo. ha aha ha ha ha galaksi kadodoran deui wae.
 
kang kumi, daripada sodakoh jariah ka reungit mending ka jarum. hi hi hi hi hi hi....
 
dh
On 6/9/06, tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

enya ari kituna mah. itung-itung sodakoh. ngan ayeuna, di imah loba rengit anu galede, anu sakali nyoco teh nyeri kabina-bina. kuring masih bisa nahan, sok sanajan muringin. ngan eta si jalu. anu orok keneh tea, ngan bisa ngadingdiut we bari teu bisa nuduhkeun mana anu dicoco rengit. radi we kudu begadang ngupahan. ari indungna, terus kekebut. mana boga panyakit hese sare.

tantan

On 6/9/06, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Ari kuring mah, kabeneran, teu pati resep kana sumprat semprot teh (boh parpum rohangan atawa obat nyamuk). Alesanana mah aya dua rupa:
- kuring rada sensi kana babauan teh, boh seungitna parpum rohangan atawa bauna obat nyamuk.
- pira kadar diala saeutik, anggap we sodakoh, hehe... kuring mah kajeung dicoco reungit, daripada kudu make obat nyamuk (kaasup bentuk losyen). Mudah2an we reungit nu nyoco teh lain nu gangas, jadi resikona ukur jadi manusa tutul... tutul beureum...

jk


 

.


--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke