Tambihna, oray Anaconda, oray gede nu cenahna mah "bisa"-na teu 
bahaya (asana mah teu boga bisa), ngan maehanana ku cara 
ngeureunkeun aliran getih dipulilitkeun.
Di kantor sabaraha kali mendakan oray teh, anak oray. Didieu mah 
ketang, teu oray wae mendakan teh, aya kadal, aya domba, hayam, 
sugan mah kebon binatang....hehehe.


Neng Iva

--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> Oray rupa-rupa. Di lembur kuring  aya oray kisi di sawah, oray
> kadut nu kabeukina lauk, oray welang nu peurahna matih. Oray
> Warakas, siga oray welang tapi gede. Oray tambang nu leutik, tapi
> kacida panjangna. Oray hejo, peurahna matih sok aya dina
> tatangkalan. Oray gibug, awakna pondok hirupna dina taneuh, loba
> kapanggih di leuweung jati, peurahna matih. Oray sendok
> (cobra) nu sok nyiduhan ku peurah. Oray sawah, kabeukina beurit,
> teu peurahan. Oray Sanca, oray panggedena.
> 
> Tapi aya oge aran oray anu jadi "mithos". Di lembur kuring nu
> duekuet jeung Gunung Tampomas, aya mithos soal oray totog, ceuk
> cenah oray ieu teh ngagantung dina tangkal, sok notog ti luhur ka
> sing saha wae nu ngaliwat. Ku  sieun-sieunna ku oray totog, aya
> kapercayaan, tong boro awak urang nu dipacok, dalah kalangkang
> urang oge, lamun dipacok, urang langsung ngajungkel.
> 
> Mithos nu sejenna, cenah aya oray nu panggede-gedena disebutna
> teh oray kuda. Tah ieu mah sigana pacampur jeung mithos orang
> cina, da apan Naga teh huluna rada-rada siga kuda.
> 
> Baktos,
> WALUYA
>






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Everything you need is one click away.  Make Yahoo! your home page now.
http://us.click.yahoo.com/AHchtC/4FxNAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke