Tapi hatur nuhun Teh Roro
baktos
tantan
Janten emut ka pun nini (Alm.), nalika nuju alit ti Jakarta wangsul ka Wado teh sok disadiakeun kamar nu dikulambuan..jero hate,"Ih, meuni kuno make kulambu…" Tapi nu namina sepuh jaman baheula mah sok aya wae leresna, teu boros artos da meserna mung sakali, moal digembrong reungit deuih, sareng teu pipanyakiteun…
Emut deui ka dongeng pun Bapa, kahirupan tengtara nu prihatin, biasana di barak2 mah sok nganggo ranjang nu dipolongoan 4 juru paragi nancebkeun kai panjang kanggo nerapkeun kulambu saurangna-saurangna.
Tapi pami dititenan mah nganggo kulambu aya kakiranganana oge, nyaeta kebul sok eunteup komo bari nu gaduhna ngedul mah, meuni sok dugi ka kandel…. tah eta ge tiasa janten pipanyakiteun. Pami tiasamah tong dipaku nerapkeunana meh tiasa diseuseuh. Pami keukeuh dipaku, kedah nganggo mesin panyerot kebul…punten sanes mamatahan reungit ku kebul hihih….
Satos kamari gujrud di TiPi berita ngeunaan HIT tea, rerencangan kantor aya nu meser kulambu. Meserna 15m, lebarna 1.5m, pangaosna Rp. 10.000,- /meter….tapi tebih ti Bogor mah, da meserna ge di Bandung heheh….dimana-mana ge aya atuh Kang Tan, toko lawon mah…meuni kedah di Bogor…:P
ro2
>>> [EMAIL PROTECTED] 06/09/06 02:45PM >>>
hehe. jadi kaingetan. basa kuring jadi keneh kontraxtor, kuring boga kulambu titinggal kuliah bareto. tapi ayeuna geur ruksak parah. anu barolong soek leuwih loba batan anu carangna. hehe. jadi mun dipake, leuwih ngenaheun rengit batan kuring.
tah, sakalian bewara. sing saha anu gaduh info, mun rek meuli sakadang kulambu di mana nya, upami di bogor. mun anu di jakarta, tapi linggih di bogor, nya kuring rek titip. enya maning keneh make kulambu. murah tur salamet.
baktos
tantan
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
![]()
SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___
Kirim email ke

