Aduh...... sami-sami nepangkeun oge,  alah meuni panjang kieu cariosan sareng sajarah nanami Teh Roro teh, ari sajarah nami abdi mah teu panjang-panjang teuing. Kulantaran tos jelas urang sunda nya namina teh popondokna Urang Sunda (US)... he...he...he...


"Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: [email protected]

10/06/2006 12:17

Please respond to
[email protected]

To
<[email protected]>
cc
Subject
Wa : [Urang Sunda] no nu tiasa dihub. kangge berita di metro==>         Kang Uus





Haturan Kang Uus…nepangkeun abdi, Roro. Leres pisan biasana nami Roro the gelar ningrat urang wetan ti Solo atanapi Jogja … Pami duptur daptar ge sok ditaroskeun,”Ini nama atau gelar (Rr)?” contona BRA Roro Sri Wayuni, pami Sunda mah Rara panginten…
Tapi da dedegan mah teu siga urang Sunda, seueur nu nyebat urang Jawa. Pami ka pasar ge…tukang dagang mah ari ka batur nyarios Sunda, naha ari ka abdi nyarios Bahasa Indonesia? Ku abdi mah sok diajak basa Sunda…anjeuna ge rada balaham belehem isineun…heheh.
Saleresnamah nami alit abdi nu dipasihan ku pun Bapa (Alm.) Laura, aya serat lahirna ge, da harita mah masih keneh kaismeuan ku basa Rusia. Namung pun Aki/Eyang protes,”Karunya bisi beurateun, heug deuih ma’nya siga bangsa deungeun budak the, geus puguh urang Wado, daharna ge kejo….” Heheh…
Bujeng2 protes, masih orok beureum keneh, nyarios ge teu acan tiasa. Nya atos kuanjeuna dinamian Roro ditambihan Siti, ditungtungan ku Rohmah ciri khas urang Sunda sok ngulang-ngulang kata tina Ro…Rohmah.
Abdina tos ageung, bade naroskeun kabujeng teu araya, janten pami aya nu naroskeun teh dikirata weee…Saur Ki Adi mah… (punten Ki, seratanana disimpen bilih aya nu naroskeun)
Siti teh Putri, RAHMAH sahartos sareng RAHMAT atanapi NYAAH/KANYAAH /PIKANYAAH janten numutkeun hartos eta, nu disebat SITI  RAHMAH teh nya eta PUTRI nu DIPIKANYAH/NYAAHAN/kagungan KANYAAH…Amiin.. :)
Eueh… mun seug diteraskeun nami Laura, boa teuing ayeuna tiasa janten penyiar Metro TV??!! heheh…
 
ro2
nungimpenjantenpenyiar

 
>>> [EMAIL PROTECTED] 06/09/06 04:34PM >>>
Aya oge anu aneh deui, upami Teh Roro .... biasana mah nami nu di payunan ku Roro teh sanes urang sunda, sanes kitu ???


__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___