Basa meunang beja yen Pupi geus babar, urang Bandung mah
ngahajakeun
babarengan ngalongok Pupi ka Jatinangor.
Itung-itung rek Kopdar cenah.
Jangjianana mah angger di
hareupeun imahna Kang Toni nu di Kopo, deukeut
Samsung tea.
Kang Toni, Teh Iva, Teh Gia, Teh Linda, Kang Iim, kang
Roisz,
Kang Tatan jeung nu sejenna, aya kurang leuwih 15 urang mah.
Make
dua mobil nu eusina pasesedek jeung babawaan tea.
Aya nu mawa kado, aya nu
mawa buah, aya nu mawa kueh,
aya oge nu lengoh, ngan mawa korong
wungkul.
Singkat carita,
rombongan geus daratang ka hareupeun imahna
Pupi.
Jrut tarurun, tuluy bararis bari marawa babawaan, persis jiga
rek
seserahan tea ning.
Barang asup, katempo Kang Kumi keur ngajentul
sorangan di
ruangan hareup, meni reuwaseun kadatangan rombongan teh.
Meni
hariweusweus ngamanggakeun nu daratang teh.
Babawaan mah tuluy di tumpukeun
diluhureun meja ku
"Kang Kumi, mana atuh orokna teh ?," ceuk Teh Iva
bari ngurutan
bitisna nu cangkeul da dina mobil kadempet ku Kang
Oni.
"Enya, ari Pupina nuju naon?", ceuk Teh Gia bari
luak-lieuk..
"Geuning sarepi kieu ?", ceuk nu sejen milu
nempas.
"Biasaaa....ari karek jadi Bapa mah kitu...grogi", ceuk
Kang Oni
bari ngagoler dina ubin. Jaket kulitna dibuka tuluy
disampaikeun
kana leungeun korsih.
Kang Kumi, sura-seuri we tuluy
mesem, tuluy abus ka kamer.
Teu lila, Pupi kaluar bari direreyang ku Kang
Kumi, katempona
hudang sare, da kaciri lulungu keneh. Barang Pupi norojol
teh...
kabeh ngagebeg...Naha beureuyeung keneh ?
"Euleuh asup deui
kitu si utun teh ?", ceuk Kang Tatan olohok.
"Aya naon ieu teh, meni rame
kieu....", ceuk Pupi teu eleh olohok
"cenah geus babar pupi teh ?", ceuk Teh
Iva bari mureleng...
"Enya geus babar....", ceuk Kang Kumi, bari kulumas
kelemes...
"...poe saptu, tapi....24 taun katukang, ari si utunna mah acan
brol
da.. heu heu"
"Euh....bedul teh....", Kang Iim gagaro sirahna nu
teu ateul...
"Enya oge sih....", Kang Ule nu oge ngan bisa gogodeg. Padahal
ngahajakeun datang ti Batam teh itung-itung mayar hutang Kopdar nu
acan
kalaksana.
"Barina oge si yayang...nanaonan eta teh ? ngerakeun pisan ih
!",
ceuk Pupi bari nakol sirahna Kang Kumi ku gagang sapu.
Beak
dikekesek teh tuluy saleuseurian akey-akeyan.
Tungtungna mah, balik deui kana
tujuan awal keur ngabengberahkeun
hate,nyaeta itung-itung Kopdar
we.
Wanci sore, rombongan teh pamitan...bari teu poho
ngadarungakeun
meh dina ngababarkeunana Pupi lancar teu aya halangan
nanaon.
Kang Kumi nganteurkeun nepi ka hareupeun panto, tuluy nyarita,
"Ke
mah, pami tos babaran di bejaan deui....",
bari sura seuri..."tong hilap
ngabantun kado deui...." bari
ngajorowok......
Bletak....! Sirah
Kang Kumi ditakol deui ku Gagang sapu
....
-dul-
kaciptaaaaaaaa