Turaes...!
ehmmm..., sok ras inget ka mangsa baheula di lembur lamun keur usum
turaes sok rame ngaleugeut jeung balad ulin samulangna sakola. Ari
usum turaes teh dina mangsana rek usum hujan atawa keur usum ngaseuk
suuk (mun teu salah kitu oge atawa dina rek usum katiga kitu...?).
Dipilemburan mah turaes teh sok dijadikeun oge deungeun sangu (lauk
pauk bhs malayuna mah), malah kuring oge kungsi ngilu ngadahar emang
ngenah komo lamun digoreng garing mah. Turaes mah asalna lain tina
kuuk, ari anu asalna tina kuuk mah lege (kitu ge lamun teu salah).
Lamun ngobrolkeun turaes, aya pangalaman waktu keur sakola di SD :
"harita di sakola aya kerja bakti, kabiasaan lamun di sakola ngayakeun
kerja bakti sok pada mekel kadaharan (sangu jeung deungeuna/baturna).
Waktu rengse kerja bakti terus balakecrakan murak bekel masing-masing,
  sarua kuring murak bekel ngan rada beda ti batur, batur mah deungen
sangu teh jeung pindang, tahu, tempe jrrd. ari si kuring nya jeung
goreng turaes tea...atuh kunu lain pada moyok, tapi kuring mah cuek
saja nu penting mah ngeunah dahar najan jeung goreng turaes oge...hehehe.
(naha halal atawa haramnya ari turaes...? sabab nepi ka ayeuna can
manggih kateranganana...)

Cag...ah,nuhun. (naha jadi ngocoblak ieu teh....punten ah...)

"kkbm'69"
-ayeuna mah geus tara ngadahar deui turaes...hehehe
--- In [email protected], "Dudi Herlianto"
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> keur leutik resep lamun aya nu mere turaes. komo mun nu jaluna. resep
> gandengna. 





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Protect your PC from spy ware with award winning anti spy technology. It's free.
http://us.click.yahoo.com/97bhrC/LGxNAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke