AJ, hehehe, lain urusan pupuh wae nepi ka kudu ngadep ka sang resi euy. Sabenerna mah masalahna teh sederhana pisan, kari nambahan katerangan, ari pupuh teh naon, naon bedana hiji pupuh jeung pupuh sejenna, jeung sajabana. Tah pikeun eta perlu rujukan. Numatak kuring umajak, kasaha wae nu mibanda rujukan perkara pupuh, mangga postingkeun ka milis, atawa japri ka kuring. Ke dina edisi kahareup nu aya di situs urang sunda, urang edit. Tambahan ku catetan, katerangan ngeunaan pupuh. Sainget kuring mah nu tilu situs teh asalna sasumber euy. Sumber audio asalna ti situs urangsunda, dokumen rekaman RRI Bandung. Sumber artikel asalna ti situs sundanet, tulisan Abah Surya. Ieu artikel sabenerna aya oge di situs urangsunda (KOROPAK: http://www.urang-sunda.or.id/koropak/e200411.html).
salam, MH --- Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Hampura Ki, euy... Enya, kuring ngaku tambelar kana > ipukan pupuh teh... > > Kamari basa milu tuang-toong, kuring ngarenjag > sabab aya tilu "nu boga lalakon" di jagad Sunda > (nyaeta http://urang-sunda.or.id/, > http://lssitb.f2o.org/, jeung > http://www.sundanet.com/) ngabewarakeun pupuh anu > henteu baku (anu ku kuring ditembongkeun kamari > pupuh Gurisa anu beda jumlah padalisanna antara > sundanet jeung urang-sunda tea, tapi teuing mana nu > salahna, tapi mustahil duanana bener). Balarea > urang Sunda pasti percaya jeung ngaku yen enya nu > tilu teh nu boga lalakon, tapi inyana pasti bakal > bingung manggihan hal nu teu sapagodos ti nu tiluan > teh (atawa inyana nyutat salah sahiji tur kabeneran > nu dicutatna teh nu salah, padahal eta cutatan teh > baris dibewarakan ka suklakna ka siklukna). > Postingan Kang Oman sigana kudu dianggap hiji > bongbolongan: eta nu tiluan teh kudu ngadeuheus > babarengan ka nu janten Resi anu maqomna sadarjah > sareng Abah Surya. Sigana mah anu kudu diheulakeun > teh pamustungan ngeunaan rumus pupuhna (pada - > padalisan - engang - aksara hirup panungtung tea). > > Salam, > AJ > > mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang Oman, Kang AJ, Kang Santona, sareng kum we > barasaya nu sanesna. > > Nuhun kana infona. Naon nu diembrakeun ku salira, > teu pisan-pisan jadi masalah. Malah resep we nu aya. > Ngipuk Pupuh teh geuning tayohna mah jadi asa > meuyeum nangka. Hehehe. Geus sakitu mangsa kaliwat, > kakarek pada murak ayeuna. Enya ieu pentingna > publikasi teh meureun, digeroan mah ti baheula menta > pangoreksikeun, sabab loba kecap nu teu kaudag ku > ceuli kuring. Berekah teu aya nu ngarespon. Padahal > teu hese harita pamenta teh, ukur menta pangregepkeun > haleuangna, terus koreksi transkripsina. Maklum ceuli > kuring lain ceuli seniman nu terlatih, nya bari jeung > loba kekecapan nu teu pati kaharti maksudna oge, > saheulanan mah dituliskeun numutkeun nu karampa we. > Jati prinsipna, sapanjang can kabedag meuli pantalon, > nya make sontog we heula, ulah nepi ka ditaranjang. > Hehehe. > > Ayeuna nembe dibaruka, nuhun pisan. Mangga urang > pada koreksi. Upama tiasa mah kieu, ka babaraya > dimana wae nu kagungan referensi pupuh, boh mangrupa > naon wae, -- audio, video, artikel -- mugia kersa > ngalengkepan bahan nu tos aya. Leuwih hade jigana, > upama aya pupuh di tiap wewengkon, ngarah tiasa silih > bandingkeun. > > Mangga diantos, info salajengna. > > Salam, > mh ===== Situs: http://www.urang-sunda.or.id/ [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak] __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Everything you need is one click away. Make Yahoo! your home page now. http://us.click.yahoo.com/AHchtC/4FxNAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

