Emh, lain ngaléléwé ieu mah... da kitu puguh kalangenan kuring basa keur leutik gé. Dikersakeun deuih, kana kikituan téh aya balad, lanceuk kuring sorangan. Nu kungsi dikukut téh di antarana hayam, japati, jangkrik, lancah, lauk, kadal, oray, jeung manuk. Henteu sotéh sato ingon badag samodél domba, pédah baé teu boga lahan, da imah téh lain di pilemburan nu lega lahanna. Anu rada ahéng téh meureun lebah ngukut lancah, nya? Enya puguh, teuing kumaha jujutanana baheula téh, tapi da mémang kungsi.

Harita téh, pikeun wadahna, ki lanceuk téh maké akuarium nu geus tara dipaké alatan bocor waé. Teuing aya sabaraha rupa tah lancah nu harita kakumpulkeun téh, nu eces mah lolobana lain lancah nu sok ngaramat. Ngalana mah ti mana bae. Mun keur pareng ulin, nya sok bari talak-telek, susuganan manggih lancah nu aheng. Malah mah nepi ka dingaranan (ngarang), luyu jeung cirina masing2. Misalna bae lancah polet bodas: lancak nu pangawakanana hideung lestreng-herang (metalik), tapi lebah huluna kenca katuhu aya polet bodas. Aya deui lancah polet hideung, nu ieu mah awakna hawuk, ngan lebah sisi kenca-katuhu huluna jeung tengah beuteungna aya polet hideung. Kungsi oge manggih lancah nu aya batokan, kawas kuya, tapi batokna kawas cangkang kadu, teu lemes.

Salaku hiburan, nya sakadang lancah teh sok diadukeun, atawa diantepkeun nu pareng amprok, terus diadu. Polah nalika rek/keur diadu teh matak resep. Mun duanana papada wani, teu keok memeh dibekok, sok pepedengkreng heula. Suku hareup nu panjangna ampir dua kali lipet suku lianna teh ranggah siga nu rek ngarontok. Mun balangah tea mah, geus bae kapiheulaan dirontok & diseureud. Kuring ge kungsi diseureud ku lancah teh, ngajeletot karasana, tapi teu lila. Kungsi oge nengetan lancah pas keur jalangan, nu tungtungna kadang si jalu dihakan ku nu bikangna (kawas congcorang).

Biasana, pikeun parab, kana akuarium teh sok diasupkeun laleur, kadang dicabut heula hiji jangjangna, kadang diantepkeun kitu bae sina hiber dina akuarium. Tah ti saprak harita, kuring boga kabisa newak laleur (make leungeun, lain make sungut). Ka nu bade guguru, mangga diantos... heuheu...

sik

On 14/06/06, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Enya lolobana mah kalung teh kelirna coklat emas.
Kalung hideung biasana jagoan diaduna. Upama rek ngadu
kalung, biasana sakadang kalung teh ngahaja sina mabok
heula. Hehehe. Tapi mabokna lain sina nguyup arak.
Ngarah kalung mabok sok ditalian ku buuk panjang tuluy
disintir, karek diamprokeun jeung lawanna.
Dipikir-pikirmah karunya nya, maklum jaman harita,
taya kaulinan sejen, kaulinan teh teu jauh jeung naon
nu aya di alam. Kabehdieunakeun karek eungeuh, urang
Cina di Malaya mah, geuning ngadu jangkrik teh nepi ka
kiwari sok dijadikeun judi. Abong wenang keur manehna
mah, naon wae bisa dijakeun judi. Malah lancah oge
diingu, keur adukeuneun.
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke