Baraya...
Dina danget ieu sikuring sakapeung katarajang strees, komo mun ujian teu lulus-lulus
padahal isuk beurang jeung peuting buku diapalkeun. Kitu deui mun poho nyimpen konci mobil ,diteangan ka unggal juru weleh teu kapanggih nu tungtungna sok rungsing. Conto liana nu padahal mah teu kudu rungsing nyaeta mun beuteung geus lapar balik ngantor, muru ka imah di tengah jalan macet jam-jaman, mobil teu maju pedah macet padahal mesin jalan terus, bengsin mahal. Rek ngambek ka saha ?
Komo mun keur ngumbah mobil butut katoong aya tapak ngagores ku paku. Beu si atah adol, bari jeung keuheul .Di kantor oge di sakola 'overloaded' ku pagawean. Kitu deui sual awak sikuring nu beuki dieu teh beuki badag (overweight) alias ukuran M (munding) padahal olaharaga dilakonan unggal poe Minggu isuk-isuk pleus geus mang bulan-bulan porsi dikurangan.
Tetela yen karungsing jeung kariweuh teh nimbulkeun stress nu ngarugikeun kasehatan mental jeung fisik...........Ah sugan aya ubarna ti baraya Kusnet.
Hatur nuhun .
 
Baktos
Misan .

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke