Alah, upami kitu mah leres nya? tadina nyangka teh teu kitu, manawi teh pupusna 3 murangkalih teh ku Flu Burung. Boro ka budak geus sesentak teu meunang dahar hayam. Maca wartos ieu teh, waktos kajantenan we dinten saptu, teu maca deui saterasna.
Aya nu narik dina wartos PR ieu teh. Ny. AKS teh alumni ITB nu IPKna oge luhur. Tapi sigana Ny. AKS teh teu didamel nya, da teu disebatkeun anjeunna didamel dimana. Moal boa kulantaran teu didamel ieu, anjeunna jadi stress, sabab anjeunna tamatan paguron luhur, oge ti lingkungan nu sepuhna sadayana didaramel sareng profesional (Ibuna disebatkeun dokter beken di Boyolali). Istri nu gaduh pendidikan luhur sareng kasang tukang kulawargana sapertos Ny. AKS, sakedahna gaduh kagiatan, bade didamel milarian artos atanapi kagiatan sosial. Lamun henteu tiasa stress beurat, panyakit loba kaluar, lamun teu panyakit dina fisik, nya panyakit jiwa. Pantesna eta oge ..... Baktos, WALUYA --- In [email protected], "kang_boim" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Leres bah Willy..., ieu kajantenan teh lumangsungna dinten kemis malem > juma'ah minggon kamari mung nembe kabuka dinten minggona (pami teu > lepat mah). Nu matak ngageuri teh anjeuna teh kalebet salah sawios > kulawarga aktifis masjid kampus nu aya di Bandung (ITB), da duanana > oge (suami istri) alumni eta paguron. > Jasad almarhum pala putrana dinten kamari parantos diotopsi ku tim > forensik RSHS sareng pihak kapulisian. > > "kkbm'69" ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Get to your groups with one click. Know instantly when new email arrives http://us.click.yahoo.com/.7bhrC/MGxNAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

