Leres Kang Delun. Nu Stress teh sanes wae nu "super pakepuk", tapi nu 
teu gaduh "kasibukan". Malah ceuk kuring mah, nu teu gaduh "kasibukan" 
langkung rentan keuna stress, margi mikir nu teu pararuguh. Jadi saena 
mah milarian "kasibukan", naon wae, supaya ulah mikir nu teu pararuguh.

Aya phenomena, nu ku kuring katengetan keur kaum "Teteh" (kaum Istri). 
Umumna upami istri nu tadina pakepuk ku kagiatan ( contona didamel, 
aktivis masyarakat) teras ngadadak jadi "ibu rumah tangga sajah", sok 
geringan. Kuring mendakan sababaraha urang. Tadina jajag waringkas, ari 
geus eureun digawe, malah sering diopnameu di Rumah Sakit. Kasus nu 
sering kajadian, istri nu aktif keur lalagasan, pas parantos nikah, 
jadi "dikerem" dibumi. Biasana si "Teteh" ieu sok geringan, komo di 
awal-awal mah.

Jadi ka kaum "Teteh", lamun ngadadak kedah dibumi wae (contona kenging 
caroge sakantor, nu teu ngengingkeun Salaki-pamajikan sakantor) 
usahekeun tetep aktif. Bade di lingkungan di bumi atanapi di tempat 
sejen. Atawa biasana mah kaum istri resep "ngarumpi" sareng tatangga 
(natangga). Ieu oge aya gunana, kanggo ubar stress. Nu penting ulah 
ngerem wae di bumi ....

Tos ah, kawas nu heueuh wae ..........

Baktos,
WALUYA
  
--- In [email protected], DELUN I <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kahatur kang Boim
>    
>   Lares pisan kang jawabanana tapi simkuring badé nyawad mung hiji 
baé nyaéta:
>   Saur simkuring mah STRESS teh sanés panyakit manusia super sibuk 
dina pagawéan baé, tapi panyakit manusia anu sok sibuk mikir teu 
palaruguh....da teu saalit geuning jalmi nu teu di garawé kalah 
SALATRESS. Nu penting kedah "Positif thingking téa" sareng tiasa narima 
apa adanya" saur Doel Sumbang téa mah.
>    
>    
>   wasalam,
>   Delun
>    






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Groups gets a make over. See the new email design.
http://us.click.yahoo.com/XISQkA/lOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke