Kala hideung? wah teu apal kuring mah kang Dudi, sanajan sarua ti 
Sumedang oge ....hehehehe. Tapi kapercayaan kana "kala" di lembur 
kuring oge aya. "kala" sok dihubungkeun jeung kingkilaban di langit 
(buburinyayan di langit). Kingkilaban di langit pindah-pindah, kadang-
kadang di kulon, di kidul, di wetan atawa di kaler. Lamun kingkilaban 
aya di kidul sok disebut "kala" keur di kidul, kingkilaban di kulon, 
kala keur di kulon. Tah upami rek pindah imah atawa rek nyanyabaan, 
ulah nuju ka arah "kala". Ceuk kolot baheula mah, kieu cenah:" Ulah 
pindah ayeuna, sabab kala keur di kidul"

Kitu nu kaharti ku kuring mah soal "kala" teh. Duka Aya hubunganana 
jeung Batara Kala, putra Dewa Guru ti Dewi ....(Uma?), duka henteu. 
Carita Batara Kala sok aya dina wayang, lamun wayang ngadongengkeun 
Batara Kala, sok disebut "Ngaruwat".

Tapi Kala oge aya hartos sanes, Kala teh langir leutik (kalajengking 
leutik), warnana bodas. Nyocona ..... can ngasaan ... hehehe

Baktos,
WALUYA


--- In [email protected], "Dudi Herlianto" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Karesep kanu maen gapleh geus ti jaman sakola keneh. rt-an atawa 
naon wae
> istilahna. aya istilah batur gapleh kuring dilembur lamun eleh wae, 
cenah
> keur nyanghareupan kala hideung! teuing naon tah hartina, baheula 
mah gengsi
> mun rek nanya. nya dikira-kira we, keur sial. ayeuna kabeneran 
ngawadulkeun
> sato nu sok nyeureud sakalian we simkuring rek nanya sugan aya nu 
apal, naon
> harti sabenerna istilah "NYANGHAREUPAN KALA HIDEUNG".???
> 
> nuhun,
> 
> dh
>







------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Groups gets a make over. See the new email design.
http://us.click.yahoo.com/XISQkA/lOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke