Hehehehe ..... keun we da sanes kuring wungkul di Kusnet nu kantos sakola di Fisika. Malah mah sok ngajenghok, naha di Kusnet bet loba nu sokalana di Fisika? Kuring, kang AJKusnet (Asep juarna), Kang Ayub (duka kamana tah batur teh), Kang Michael Ontohod (Fisika UI eta mah), acan nu ti IPB deuih. Basa di Subang papanggih jeung kang ...naon geuning hilap deui, eta mah masih mahasiswa di ITB.
Fisika, asup kana elmu sains. Sifat elmu Fisika, universal pisan, sarua dimana-mana, teu aya sifat lokalna. Ieu benten sareng Biologi, Geologi atanapi Kimia nu tiasa ngangkat unsur lokal margi di Indonesia seueur phenomena Biologi, Geologi, kimia nu sifatna teu aya di tempat sejen. Sedengkeun dina elmu fisika, henteu kitu. Upami bade berkarir dina Fisika nu saleresna (murni), di Indonesia mah sigana tempatna acan aya, kedah ka nagara deungeun, nu geus sagala maju. Fisika, ceuk cenah mah elmu anu hese (ceuk kuring oge ...hehehehe), tapi fisika saleresna sanes rumus-rumus wungkul, sabab dina fisika kedah ngalakukeun eksperimen. Hartosna elmu fisika caket sareng instrumentasi. Tah upami resep instrumentasi, teu rugi upami lebet jurusan Fisika heug nyandak spesialisasi dina Fisika eksperimental/ instrumentasi. Umumna lulusan Fisika nu nyandak instrumentasi, gampang didamel, margi di urang tanaga terampil dina widang eta, masih sakedik. Fisika oge tiasa kana aplikasi. Seueur lulusan Fisika nu didamel tapi dina elmu terapan (kuring kaasup hehehehe). Salah sahijina dina wdiang Geofisika. Jurusan Geofisika & Meteorologi di ITB nu ngadegkeun alumni Fisika ( Alm. Prof. Susilo), kitu deui jurusan Teknik Geofisika ITB, salah saurang nu ngadegkeunana, alumni Fisika ITB (Pak Liliek Hedrajaya). Di Universitas sanes oge kitu. Program Studi Geofisika UGM, tadina ayana di jurusan Fisika (pon kitu deui di UI). Tapi, kuring keur sedih MJ, geuning Imam Abdullah nu carogena Ny. Anik nu nelasan 3 putrina teh almuni Fisika ITB, duka angkatan sabaraha. Sedih ...... kulantaran maca detikcom, cenah ku alesan ekonomi Ny. Anik dugi ka tega nelasan para putrana. Hartina dina nyanghareupan hirup, barudak nu sahandapeun kuring, kacida beuratna dibandingkeun jaman kuring. Mudah-mudahan we kahareup Indonesia teh geura "hudang", supaya ulah kadangu deui ........ alesan ekonomi, si eta tepi ka nekad kitu. Baktos, WALUYA --- In [email protected], "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > waktu lulus sma taun 2002, di andiw geus buled pilihanana, rek spmb ka itb. > jurusanana fisika. salaku lanceuk panggedena, waktu dipenta saran, kuring ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Something is new at Yahoo! Groups. Check out the enhanced email design. http://us.click.yahoo.com/SISQkA/gOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

