Sanes bendu tapi murukusunu he he.
 
Pan ayeuna mah jaman keterbukaan tea lin, nya aku we da geus bukti kaayanana kitu, aku, terus bebenah.
Biasana mun meunang julukan, panghargaan atawa naon bae, nu hese teh "mempertahankeunana" alias ngamumulena. Tah dina hal ieu Bandung nu meunang julukan "kota pangkotorna" nek dipertahankeun? Jawabna nya balik deui ka pangeusi kotana kaasup rengrengan pamarentahna, atawa dina nuntaskeunana kudu meredih sagala ka persiden? Pek we ari teu era mah ku daerah sejen. Piraku atuh jawa barat sakitu legana, euweuh hiji hiji acan nu rido wewengkona dipake TPA. Atawa boa geus kaiket ku babasan urang mun nu sipatna goreng dina hal ieu geugeuleuh, sok aya babasan kieu " Jig kasabrang ka Palembang!" najan enya ge kitu, can tangtu urang sabrang atawa urang palembang oge daekeun, kaduana pan jauh deuih! Ngan duka ari dikirim peuyeum bandung mah terus balikna dipulang ku empek empek palembang, nya raos we nu aya.
 
Kuring kataji ku daerah padang nu nyadiakeun tempat paragi ngagantungkeun runtah diunggal pelosok, "sampah bergantung tea" Salian gampang ngelolana oge ngalatih kadisiplinan pangeusi kota, nya teu pamohalan mun kota padang meunang julukan kota adipura.**SR**
 
----- Original Message -----
Sent: Thursday, June 15, 2006 10:13 AM
Subject: [Urang Sunda] Aya nu bendu

Cobi ieu aos tanggapan Kang Tjetje Hidayat Padmadinata perkawis pangumuman Bandung "Kota Metropolitan Pangkotorna". Mun kuring teu salah maca...katingalina mah anjeunna bendu pisan nya ka panitia nu ngumumkeun eta pangleler. Majar teh teu aya sopan santun publik. Naha nya....?
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke