URANG DAMELKEUN DESIGN POSTER NA SAKALIAN SAREUNG IKLAN NA .. MANGGA...!!!
--- In [email protected], "tantan hermansah" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Asyikkk.. > Kang Ndoel, kuring mah rek ngiluan HBH-na we. sabab taun katukang teu bisa. > ayeuna mah rek diringkid we sakulawarga teh > baktos > tantan > > On 6/15/06, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Assalamu'alaikum Wr. Wb. > > Baraya Kusnet Sadayana..... > > > > Kieu..... > > pan Kusnet teh bada boboran teh rek ngayakeun Halal Bihalal. > > enya lila keneh, kira-kira bulan Nopember, tapi pan kudu disiapkeun > > ti anggalna keneh, ngarah teu riweuh teuing dina prungna. > > > > HBH teh ngarupakeun Kopdar sataun sakali keur sakabeh anggota > > Kusnet. Nu salse mah wayahna kudu ngaluuhan. Nu teu salse, > > nya wayahna kudu maksakeun. nu jelas mah, Haratis... > > > > Salian ti acara HBH teh, oge hayang ngayakeun acara Pasanggiri > > (Lomba) ngarang pupuh jeung nembang pupuh sapoe samemeh HBH. > > > > Lomba ngarang ieu mah nya ! sanes lomba ngorong ! > > > > Tah, pasanggiri ieu diayakeun keur barudak sakola satingkat SD jeung > > SMP nu aya diwewengkon dimana HBH diayakeun. Direncanakeun > > HBH taun ieu teh diayakeun di Cibatu Garut. Tapi pamilon / peserta > > ti wewengkon sejen ge bakal ditarima mun rek daptar mah, > > asal masih keneh di wilayah Jawa barat. > > > > Ngeunaan pasanggiri ieu, awal bulan Agustus rek dibewarakeun di > > media massa sarupaning PR, mangle, cupumanik, galura jeung > > sajabana. Tah kukituna, maksudna mah menta tulung ka sadaya > > anggota Kusnet atawa barayana anggota Kusnet anu salse di lembur > > anu daek katempatan jadi sekretariat, meh peserta teh teu kudu > > jauh-jauh teuing daptarna. > > > > Tugasna ngan saukur narima pendaptaran, ngeusian formulir, > > narima pupuh hasil karangan peserta, tuluy diinformasikeun ka > > sekretariat pusat. Formulirna mah ke dikirimkeun ka alamat > > sekretariatna sewang-sewangan. > > > > Alamat-alamat sekretariat eta teh baris dibewarakeun sakalian dina > > media masa tea. > > > > Wewengkon anu baris jadi target bewara teh nyaeta : > > > > - Bogor > > - Sukabumi > > - Cianjur > > - Bandung > > - Garut > > - Tasikmalaya > > - Ciamis > > - Kuningan > > - Cirebon > > - Majaléngka > > - Sumedang > > - Indramayu > > - Subang > > - Purwakarta > > - Karawang > > - Bekasi > > - Dépok > > > > Kusabab Pasanggirina diayakeun di Garut, keur sakola-sakola nu aya > > diwewengkon Garut mah, bakal dikiriman uleman ka sakolana sewang2an. > > > > Cik, anu rido janten sekretariat atawa gaduh baraya dilemburna nu > > kersa, > > mangga ngacung ! > > bari ngintun data lengkep dihandap, kintun ka imel : [EMAIL PROTECTED]<ndoell%40yahoo.com> > > kalayan nganggo subjek : Sayogi janten Sekretariat. > > > > Nami :........................................................ > > Alamat jelas : ...................................... Kode Pos : > > Kabupaten : ........................................................ > > No. Telpon / Hape : ................................... > > > > Mangga baraya sadayana, diantos pisan > > > > Wa'alaikum salam Wr. Wb. > > > > Panitia HBH & Pasanggiri > > -Ndoell- > > > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Great things are happening at Yahoo! Groups. See the new email design. http://us.click.yahoo.com/TISQkA/hOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

