Hiks..hiks...sedih, pih, mun ngadangu lagu eta, ceurik rahwana. Keun urang teruskeun lyrikna (nuhun koreksina bisi aya nu lepat ngetik);

Rahwana:
Banondari anu lucu bojo akang anu geulis geuning da anu geulis
kadieu sakeudeung geuwat akang rek mere pepeling aduh geulis mere pepeling
geura sambat indung bapa samemeh akang pinasti

Banondari:
Duh engkang rungrungan  pupujan  lahir jeung batin engkang lahir jeung batin
aya naon pangersa tara tara tisasari aduh engkang teu tisasari
nyauran ragrag cisoca abdi mah saredih teuing

Rahwana:
Aduh engung nu geulis pupujan ati nung pupujan ati
akang tangtu ngababatang samemeh akang pinasti aduh geulis akang pinasti
arek menta dihampura lahir tumekaning batin

Banondari:
Misanggem abdi kapungkur lilisan ka lenggah gusti aduh ka lenggah gusti
ka salira engkang pisan maturanan temah wadi aduh gusti da temah wadi
mung engkang kalalanjoan, ngajur napsu teu dipilih pilih

rahwana:
Kaduhung akang kaduhung kataji nu lain-lain geulis nu lain-lain
kaiwad goda rancana kagembang ku Sintawati aduh geulis ku Sintawati
geuning kieu balukarna doraka akang ka ba tin





-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[email protected]]On Behalf Of Siddik Wiradireja
Sent: Thursday, June 15, 2006 12:38 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] DASAR SUNDA !

Aya deui ceurik anu halimpu, matak endut-endutan... aeh nundutan anu ngupingna..
nyaeta "ceurik Rahwana"......; Aduh-aduh Banondari bojo akang anu geulis..........!!
 
 

--
Wasalam,
Durahman __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke