Muhun ngawitan lalanyahan lah! Pan di novel naonnya? Epigram? parantos nyabit-nyabit hukum newton...gaya gravitasi sagala. Kumaha mun hukum eta geus teu bisa ngungkulan? Make jeung ngahargaan endahna jalur-jalur motherboard oge pan...salain dihaja dijieun endah deretannana, ngaliwatna kudu kamana ameh teu ngaganggu jalur nu lain, pan kandel jeung ipisna oge kudu pas jeung meunang ngitung...jeung rea-rea deui. Asa endah mun bisa nerangkeun tepi ka bubuk "etana"!
 
Aya hiji kajadian nu matak kuring kasindiran  jeung era elmu eta teh, baheula hiji prof  seniorna pa Hans ngomomg kieu:
 
Waktu Einsten ulin ka hiji paguron di Amerika, aya mahasiswa nanyakeun kieu, " Naon contona hukum relativitas (ngeunaan property time? upami teu hilap mah)Einsten ngajawab, lamun maneh nanya atawa nelpon ngajak ngobrol jeung hiji wanoja anu dipikabogoh tapi wanojana teu bogoheun, maneh bakal ngarasa sajam teh ngan sa menit, tapi si wanoja bakal ngarasa sabalikna!
 
Anyir....nyindiran aing ieu mah!, ceuk dina hate teh bari ngelemes. Kabeneran harita teh keur dihujanan tpb (tahap pacaran berbenca)...dibalieurkeun tea ceuk urang Ciamis mah hehe
 
Hehe...kumaha nya euy, neng Jolina embungeun make samping jangkung mun nganteuran ka sawah lah sok diporengesan wae dina saung ranggon, pok na teh!
baktos,
 
brad

mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
nuhun atuh brad kana referensi bukuna. kabita kabita na mah kamari teh. jaba nuju diskon. ke ah urang maksakeun sugan aya dana tiis. komo upami ningal nu masihan endorsemenna mah, euleuh elmuwan kelas dunia wungkul.

enya, fetussaga teh sanaos ceuk soni farid maulana mah alam supranatural, tapi asa hoyong oge nyerat sub-space, fisika startrek sagala. da hayang pisan oge optimis si kuring mah, yen nu baheula disebut alam gaib teh kabuka ku elmu fisik. nya siga alam gaib, disebut alam tatangga,bisa ditembus ku teknologi, contona mah dina film startrek. tiasa tembus ka lapisan alam sejen. hehe.

gagal kumaha, eta pan aya angelina jolie nu sakitu herangna. hehe


brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Muhun MJ, nami payunna Hans Wospakrik, panggilananan pak Hans.  Abdi gaduh bukuna, malah kantos gaduh pikiran rek ngimel MJ supaya ngaos buku ieu! Duka kunaon (baca: tanya kenapa?) abdi hoyong ngawartosan, mung upami ngaos buku-buku novel kagungan MJ komo mun nitenan "definisi" kecap jeung kalimah seni euyeub pisan!  Mun nginjeum kalimah MJ (babakuna kalimah "tukang ngawadul"), sigana ginding oge mun MJ nyieun novel nu disangkutpautkeun jeung definisi kecap atawa kalimah seni ti bidang lain. Abdi sanes hoyong supados MJ nyaingan novelis nu artis urang Bandung oge...tapi waktos ngaos fetussaga rada kaingetan...duka mun uteuk jeung memori(ingetan) abdi rada nyengcong mah! Duka katarajang jaram (virus) atau data corrupt mah...ah pokona mah hayang we MJ maca buku ieu titik!
 
Pamendak kuring, saparantos maca buku Dari Atom ke Quark rada kahartos meeusan elmu fisika teh endah. Sami sareng Wanoja/Istri, fisika teh, sami-sami endah tapi hese dilenyepan! Tapi eta pan gumantung ka oteuk  tiap-tiap jalmi, ieu mah ceuk uteuk abdi nu kelas embe bin kambing hehe! Ceuk abdi ieu oge!
 
 
baktos,
 
Brad
 
*nu gagal ngalindeukeun elmu fisika jeung wanoja!
 
 


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke