Panganteur ti kuring..
Teks di handap ieu cutatan dina buku Ust Amer Khalid nu dijudulan ku ayat Kuran: "hatta yugoyyiru ma bianfusihim". Citakan kahiji taun 2003, Dar el marifah, Beiruth, Lebanon. Kaca 197-198.
Nu kaduana.. gaya nulisna buku ieu kitu; seuer tanda seru, titik, kumaha weh kawas di handap ieu ...
Hatur nuhun.
 
 
Masa depan bakal tumiba….. endah!
 
Kecap hareupan –pami anjeun muka kamus- hartosna: nyawangkeun hiji kajadian hade di mangsa kapayun...masih jauh nyepeung hasilna. Regepkeun na kecap masih jauh … didieu bakal mucunghul hareupan…
 
Sangkan anjeun uninga pentingna hareupan… anjeun salawasna kedah emut, yen eta teh masalah akidah…
Naon maksadna ?... nyaeta hareupan teh salah sawios kawajiban islam!..
Sakapeung anjeun ngadangu jalma nyarios kieu: "loba hal2 alus, kuring miboga hareupan"…masyaAllah !?..
Anjeun meraktekkeun kawajiban dina kawajiban2 agama anjeun!.. pikeun ngiatan hal ieu aos ayat: "…….poma ulah putus asa tina rahmat Gusti Alloh, saenyana taya nu putus/rentas hareupan tina rahmat Gusti Alloh kajaba kaom kafir" (QS Yusup:87).
Nu rentas hareupan disebatna kaom kavir!.. naha beut kitu?..
Tengetkeun ku anjeun perkara: saenyana jalma nu rentas hareupan tina rahmat Gusti; mangmang dina hal kayakinan…. Mangmang jeung poho yen nalika Gusti Alloh ngadamel langit jeung bumi ieu, dijieun oge saratus rahmat, numana hiji rahmat dlungsurkeun ka bumi, sesana nu salapan puluh salapan rahmat diingkeun di Anjeunna (Gusti) kangge jaga di aherat!....duuh Gusti saenyana rahmat salira teh kacida legana!....janteun jalmi nu rentas hareupan ka Gusti hartosna tos lebet problem/harungan akidah…
Jalmi nu rentas hareupan na rahmat Gusti hilap dawuhanNana: "Panggeran Anjeun geus netepkeun ka Dirina rahmat…" pikeun mahlukna. (QS. Al-anam: 54).
Aya deui hadis Kangjeng Nabi nu ngagumbirakeun: "nalika Gusti ngadamel mahluk…sadayana tos ditetepkeun dina kitabNa, eta kitab teh ayana di arasy/langit. Saenyana rahmat kuring ngelehkeun kabendu kuring"..( HR. Al-Buhori: 3194, Muslim: 6903).
Panggeran urang sadaya maha asih..asih. dawuhNa: " rahmat kuring ngawengku sagala hal" (QS. Al-arav: 156).
Lamun anjeun mangmang atawa rentas na rahmat Gusti, sapertos cariosan "taya gunana…jsb.. Gusti Alloh salawasna moal ngamulyakeun balarea nalika nyarios atawa ngagerentes kitu… kulantaran kitu,  peta ieu geus ngaliwatan akal.. teras ngarambah batas kaimanan jeung kaislaman anjeun.  Lantaran Gusti Alloh bakal nulungan agama islam ieu…tos rengse titik… kuring balarea yakin kana perkara eta (pitulung Alloh), anging nu dieperlukeun mah nyaeta ihtiar/ aya gadag….ngaluarkeun kesang kalawan bener.
Tapi…naha jalma nu rentas hareupan disebat kafir?!.....henteu…..tengetkeun… masalah ngavirkeun muslim masalah bahaya…….
 
Lain.. lain kavir; tapi jalma nu rentas hareupan ka Gusti.. ngagaduhan sipat dina sipat2 kaom kavir…
Lantaran kitu….jalma nu rentas hareupan sanes pasipatan jalma nu airman…lain pasipatan jalma2 muslim…… naha rido teu pami ti anjeun aya sipat nu goreng kitu…numana Gusti oge teu rido?..
Piceun sipat ieu, jauhkeun tina manah anjeun… ulah rentas hareupan….tanggahkeun mastaka anjeun…nyungkeun kabar gumbira…nyungkeun kabar gumbira…sawerkeun gumbira atawa optimis kalayan sumringah tina pamenteu anjeun…. Najan na wanci keur teu tugenah…
Ati-ati nalika anjeun ngucurkeun cimata kulantaran sieun jeung rentas hareupan… salilana…jadikeun pami ngucurkeun cimata alatan deudeuh ka baraya/balarea……cimata nu nunjukkeun/ nendeun rasa prihatin ka maranehna….. cimata nu dikucurkeun lantaran eungeuh kana kaislaman anjeun….tuluy…bareungan ku hal-hal nu hade kalayan langsung!... hal nu hade oge alus sangka ka Gusti: nu maha kawasa dina sagala perkara…
Wanci hareup bakal tumiba/datang…. Tinangtu bakal leuwih endah!!..


Yahoo! Messenger with Voice. PC-to-Phone calls for ridiculously low rates. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke