Assalamu alaikum...
wilujeung enjing para wargi Kusnet sadayana.
haturnuhun ka kang denny,kang kumi,kang oman sareng para wargi perkawis informasina. 
kangge kang kumi, simkuring&pun bojo linggih mah di rempoa (ciputat), manawi milari bumi teh kangge mitoha nu parantos MPP ti padamelanana.
Alhamdulillah simkuring dinten ahad tos mendak bumi nu dipilari (di tubagus ismail).
 
Haturan kang oman, bagja tepang sareng dulur salembur, simkuring ti desa Pogor.
kumargi saumur hirup (+/- 27 thn) sareng sepuh tos ngumbara ka jkt, simkuring hapunteun pisan lamun basa sundana garihal.
 
wilujeung oge kang ono, ngiring bingah mugia janten murangkalih nu sholeh, pinter, bageur sareng seueuer mangpaatna ka balarea.
 
salam baktos,
 
R. Joni Wirawan
 
 
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]On Behalf Of oman abdurahman
Sent: Friday, June 16, 2006 4:20 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] milari informasi nu icalan bumi di kota bandung

Haturan Kang Joni,
 
Nepangkeun, abdi pun Oman, asli Kawali oge, pasna mah Desa Lumbung, Kacamatan Lumbung (kapungkur mah lebet kacamatan Kawali). Tos lami aktif di milist mah, mung ayeuna keur arang nulis atawa posting, ukur ngalongokan wae.
 
Perkawis informasi bumi, Insya Alloh bade mantosan ngemutan. Samentawis aya rerencangan anu nawiskeun bumi, namung lokasina rada tebih ti TELKOM Jl Japati. Anu ditawiskeun teh lokasina di Buahbatu. Ari kriteria anu sanesna mah tos cocog sakumaha anu diperedih ku salira, namung lokasina, sareng hargana deuih. Asana di Bandung, kanggo tipe bumi sareng luas tanah+bangunan sakumaha anu disuhunkeun ku salira, pangaosna tos rada luhur, saluhureun anu disebatkeun. Namung, mugi-mugi wae salira kenging bumi kalawan kriteria anu dimaksud ku salira.
 
baktos,
manAR
 
On 6/16/06, R. Joni Wirawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
para wargi sadaya, khususna nu linggih di kota bandung.
simkuring peryogi informasi, kinten-kinten para wargi aya nu uninga informasi perkawis icalan bumi.
bumi nu dimaksad teh kirang langkung :
1. Luas tanah >= 180 m2 ; luas bangunan >=100 m2 ; kedah nu tos sertifikat hak milik (SHM)
2. lokasina kedah sabundaren knt pusat PT Telkom atanapi kedah nu caket kampus PTN nu aya di kota bdg
3. pangawisna <= 500 jt

upami para wargi bade unjuk uninga, mangga kintunkeun via japri.
haturnuhun nu kasuhun

baktos,

r joni wirawan
(pituin kawali ciamis)




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
See what's inside the new Yahoo! Groups email.
http://us.click.yahoo.com/B6DZeC/bOaOAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/




__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke