--- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 1. Mak Erot ti Sukabumi, tukang ngaheuraskeun nu
> leuleus keuyeupeun.

Mang H, Ma Erot ti cisolok mah, sanes ngaheuraskeun nu leuleus 
keuyeup, tapi ngageungan, contona mobil "karimun", jadi 
sagede "Kijang" ...hehehehe

Ngobrol-ngobrol soal wanoja, urang Sunda kacida ngahormatna ka 
Wanoja. Dina mitologi Sunda, nu kawasa di Kahyangan teh wanoja nyaeta 
Sunan Ambu. Ceuk Yacob Suamrdjo, dina bumi adat urang Sunda oge 
ditunjukkeun yen lalaki (salaki) jeung awewe teh (pamajikan), 
sajajar. Ngan hilap deui artikelna ( aya dina PR). 

Kitu deui dina kahirupan nyata, Kaum istri Sunda digarawe ampir sarua 
jeung lalaki, di sawah, di kebon jst. Tapi beda jeung etnik-etnik di 
Sumatera/ Bali, nu sarua awewena sok digarawe kasar tapi lalakina 
loba ngajentul, di urang Sunda mah awewe jeung lalaki teh digawe 
babarengan. Ma Eroh hiji conto yen Wanoja Sunda teh teu eleh ku 
lalaki. 

Dina hal pimpinan oge, urang Sunda teu ngabeda-beda awewe atawa 
lalaki. Di Sumedang di abad ka 17 (300 taun kapengker), kungsi 
bupatina teh awewe (Dalem Istri Harjadiningrat).

Tapi ku "kamajuan" jaman, posisi wanoja Sunda oge mimiti kapangaruhan 
gaya "global" ti urang "kulon". DImimitian di kalangan menak 
(priyayi), kaum istri mimiti digeser "katukang" . Priyayi digajih ku 
nagara, manehna teu perlu tanaga pamajikan keur mantuan neangan 
kipayah, ieu beda jeung patani. Budaya kaum priyayi ieu katurunkeun 
tepi ka ayeuna, nepi ka mucunghul aya paribasa " awewe dulang 
tinade".....

Ngacaprux .....deui ...hehehehe

Baktos,
WALUYA









------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Yahoo! Groups gets a make over. See the new email design.
http://us.click.yahoo.com/U0DZdC/lOaOAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke