Perkara basa di sakola dasar, asana teh tos aya
juklakna (petunjuk pelaksanaannya). Barudak anu sakola
SD (kelas lima atawa kelas 6, diajar basa Sunda. Taun
kamari,kuring kadatangan barudak SMP kelas 2, anu
tunyu tanya perkara basa Sunda. Cenah aya tugas ti
sakolana supaya ngawawancara ketua RT anu bisa ngomong
basa Sunda. Eta budak teh ku kuring dibere VCD
wawancara KUSnet jeung (alm) Mang Ayat, supaya
ditongton jeng dibikeun keur guru basa Sunda. Ti
saprak harita, lebeng, teu aya deui barudak SMP anu
ngawawancara.

Ari ceuk UNESCO mah, basa teh hiji kamampuan anu
sifatna intangible, anu kudu dipiara jeung dipulasara
pikeun nunjukkeun kakayaan hiji bangsa. Tapi nya kitu
tea atuh, para pangagung urang kalolobaanana ningali
aspek pragmatis tinimbang ningali aspek jauh kahareup.
Sabenerna mah salah sahiji program SIMPAY teh rek
ngabuka keurseus basa Sunda, tapi teuing ceuk Kang
Mumu (SIMPAY) aya masalah anu ngabalukarkeun teu bisa
muka keurseus basa Sunda. Ari program Sastra Jawa mah,
taun ieu teh muka keurseus basa Jawa, jadi salah
sahiji anu ditawarkeun di Pusat Pelayanan Bahasa FIB
UI (PPB). PPB ieu salila ieu, muka keurseus basa
deunguen (Inggris,jepang, jrrd). Tapi anu minat kana
kurseus basa Jawa teh luar biasa oge lobana. Sabaraha
lobana, kuring can boga datana.

Balik deui kana perkara basa Sunda keur di sakola,
sigana wae kudu aya 'gerakan' ti masyarakat, tong
ngandelkeun kana prakarsa ti pamarentah. Upama KUSnet
nyieun modul-modul kamaheran basa Sunda, pikeun
pangajaran di tingkat SD jeung SMP, asana teh hiji hal
anu pasti aya mangpaatna pikeun ngawanohkeun basa ka
barudak sakola.


baktos,

mrachmatrawyani

--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Pelajaran Bahasa Sunda di Sekolah
> Oleh AJIP ROSIDI
> 
> BERDASARKAN Kurikulum 2003 yang menempatkan mata
> pelajaran bahasa daerah dalam kelompok bahasa,
> bersama
> dengan bahasa nasional dan bahasa Inggris, Gubernur
> Jateng mengeluarkan SK yang menetapkan bahwa mulai
> tahun ajaran 2005, bahasa Jawa harus diajarkan di
> semua sekolah, baik yang berada dalam lingkungan
> Departemen Pendidikan Nasional (SD, SMP, SMK, SMA,
> dll) maupun yang berada dalam lingkungan Departemen
> Agama (Madrasah Ibtidaiyah, Tsanawiyah, dan Aliyah).
> Pengajaran bahasa daerah tidak lagi ditempatkan
> dalam
> kelompok "muatan lokal" yang tidak jelas
> kedudukannya,
> karena hasil ujiannya tidak ikut menentukan kenaikan
> kelas atau kelulusan siswa.
>



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Check out the new improvements in Yahoo! Groups email.
http://us.click.yahoo.com/N6DZeC/fOaOAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke