Harur nuhun kana informasina. Sigana terbitan taun tos
lawas hese milarianana, ngan aya di perpustakaan
perpustakaan (tertentu). Ari soal data dina buku,
sigana beuki kadieu, beuki lengkep ku data-data
panalugntikan sareng tambahan informasi ti sababarha
sumber.
Kumaha cara nganilai hiji buku lengkep tur akurat
jeung bisa dipercaya eusina? Nya ku cara
ngabandingkeun jeung buku-buku sanesna anu ngupas
masalah nu sami.
Tah, kusabab kitu, di lingkungan akademik (paguron
luhur) mah, lamun urang hayang nyekel kasahihan hiji
pendapat teh, ku cara ngabandingkeun jeung neangan
informasi ti sababaraha sumber, dibandingkeun,
dianalisa, anu ahirna ngahasilkeun hiji pendapat atawa
urang rek nyokot/cenderung pro kana pendapat anu mana,
aya dadasar alesanana.

Loba pisan buku anu medarkeun Perkara Kartosuwiryo,
aya sababraha versi, salah sahiji diantarana versina
pamarentah anu aya di perpustakaan Satria Mandala
(saperti anu diwawarkeun ku Apih Sidik, kasaksianana
Amir Fatah ka Sarwo Edhie, pupuhu salah sahiji faksi
DI/TII di Jawa Tengah). Dimana kasaksian ieu, heunteu
disabit-sabit dina makalah kang Iskandar (ahli
sajarah/dosen FIB UI). Waktu kuring naros ka Kang
Iskandar perkara "pangakuan" Amir Fatah ieu, cenah mah
informasi ieu teh teu pernah disebut-sebut dina buku
anu tos beredar diluar.

Pami kang Nana tiasa ngopi atawa ngadadarkeun
ringkesean dua buku eta, tiasa jadi nambihan informasi
kanggo baraya KUSnet. Tapi anu jelas, perjuangan NII
KW9 tos  heunteu sajalan deui jeung DI na
Kartosuwirjo. Trik-trik perjuangan atas nami agama anu
dibiuskeun ka generasi muda anu jadi umpan pikeun
nyiar banda pakaya para pamingpina anu aya di
pasantren Azzaitun Haurgeulis Indramayu.


baktos,

mrachmatrawyani


--- Nana Tea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Kang Kuncen Kasep
>    
>   Ngenaan Sejarah DI Jabar, akang langkung sae maca
> Buku biografi SMK (Sekamadji Meridjan
> Kartosoewirjo), anu ditulis ku Pinardi, diterbitkeun
> ku ARYAGUNA (1964)
>   Aya oge tulisan Amak syarifudin, judulna abdi
> hilap, tapi pami teu leupat mah Kisah SMK dan
> Menyerahnya, Penerpit Grip, Surabaya (1965). 
>   


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Something is new at Yahoo! Groups.  Check out the enhanced email design.
http://us.click.yahoo.com/R0DZdC/gOaOAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke