Assalamu'alaikum Apih,
 
Abdi brad, ayeuna bubujang di Jakarta. Mang Jamal? Muhun abdi kapi paman ka Anjeuna  da pedah we ng-emangkeun...Sae pisan ngangken wargi ka sasaha, sami sareng Apih angkenan, darehdeh, someah....ditampi ieu cau raja cerena arageung pisan, Pih! Bagja abdi mah papendak sareng Apih teh.
 
Perkawis "gaya postingan" duka abdi teu terang, mung upami ngawalon emel abdi seueur 4S! Punten upami heureuyna nu dilulugukeun, bawiraos ti aalit dugi ka kolot, cepil teh langkung seueur  ngupingkeun Ade Kosasih sareng Asep Sunandar oge wa Kepoh daripada Lionel Richi, Dolly Parton atanapi neuteup  sophia Lauren. Sanaos ari dina hate mah rumaos kabungbulengan ku Jodie Foster...pinterna hehe (meungpeun ah!) Tapi abdi oge hoyong mostingkeun nu aya manfaatna minimal kanggo abdi tetebiheun kanggo baraya. Mung deui oge abdi (ngaku ka sababaraha kalina), balaka ngoleksi novel-novel Mang Jamal, da pasangrok sareng ngawadul teu acan dikieuna mah. Palias teuing abdi kedah pasang-erok payuneun mang Jamal mah...hehe.
 
Abdi parantos lami noongan ieu milis langkung ti dua taun, ngawitan milarian kecap Sunda teras dirangkai ku kecap sanesna boh ku kecap basa sunda atanapi kecap-kecap bahasa indonesia, hartosna, asal-usulna dugi ka  mendakan anu iuh sareng anu matak bayeungyang. Panginten, anu iuh kedah dipupusti ku urang sadaya, anu bayeungyang kedah milarian jujutanana sareng kumaha ngarengsekeunana tur bijaksana! Bawiraos, Ieu "subyektif" pisan, mung pamendak abdi.  
 
Punten ah mang Jamal atanapi Mang J bilih kasisi-kadingding, oge ka Apih hatur nuhun cau raja cerena.
 
Mugia Apih sareng Mang J aya dina kawilujengan. Amin
 
baktos,
 
 
brad
Punten saderek Brad...., disagedengeun anu kasebat diluhur ....., merhatoskeun postingan saderek asa-asa ngaharib kana gaya postingan mang J. (punten upami lepat...) boa-boa saguru saelmu yeuh sareng mang J. (punten MJ. ....heuheuheu...)
Kataji...kataji....!!, kujalaran kitu status "member" saderek ku sim abdi dibuka, anu saterasna mangga diantos postingan-postingan saterasna...
Mangga diantos kulan.....
 
ssw

brad porenges [EMAIL PROTECTED]
Punten Apih, kang AJ,
Benten teu,  kecap kabungbulengan sami sareng kapengpeongan? Upami ninggal waleran ti kang AJkusnet sigana kubakat bogoh pisan janten poekeun..., bogoh paeh lah...eh eta mah tina cinta mati atuh nya? hehe
Naha bet lumpat kana kabungbulengan nya padahal pan anu digunemcaturkeun kabiruyungan? Sugan we kabiruyungan aya anu haat masihan bongbolongan ka abdi, keun we disebat bodo oge nu penting alewoh. 
Salami ieu abdi nganggap kecap kapengpeongan leuwih rongkah (darajat poekeunana!) tibatan kabungbulengan duka tah leres henteuna atanapi tibalik?
Contona upami ,"Kang Asep kabungbulengan ku neng geulis ", darajatna nembe nangkeup tuur dijuru, upami parantos kapengpeongan mah salian nangkeup tuur dijuru teh bari sura seuri sorangan kadang-kadang melak cau, aya nungaliwat langsung nangkod!...hehe. Anyir...geus stadium 13 ieu mah? Har...naha ka aing!, ceuk kang Asep. Punten pan ieu mah conto namina oge, kenging atuh! Kaci pan! hehe deui
Nyungken bongbolonganana ah ti sepuh sareng baraya sadaya!
baktos,
brad
Kang, punten eta siku kana angen, eungap yeuh!
 


YAHOO! GROUPS LINKS






Talk is cheap. Use Yahoo! Messenger to make PC-to-Phone calls. Great rates starting at 1ยข/min. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda -->
http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke