Mang Kardun huhujanan di Banung, satadina mah rek neang angkot
jurusan Cikapunung. Tungtungna leumpang, ditiung ku anuk, 
bari make senal capit, tuluy ngiuhan hanapeun tangkal kanongnong..
katirisan, biwirna baal asa karanel...
"Nyaho kieu mah meningan diimah..", ceuk Mang Kardun bari ngorong

(tah eta mah lantaran pangambungna meded, matakna ngirung..hi hi)

-dul-
tukang teuing

--- In [email protected], Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Asa kaingetan,
>   
>   Cenah mah, urang Sunda lamun ngecapkeun "Bandung" téh "d" na 
henteu  teges, tapi henteu leungit deuih, jadi kadéngéna 
téh "banung", ngan ieu  mah "nu" na henteu ngirung (henteu siga "nu" 
dina kecap "anu",  "manusa", jsté) tapi leuwih loba hawa kaluar tina 
baham. (Kudu ku ahli  Fonologi nerangkeunana lah...). 
>   
>   Ki Silah urang Batawi sok ngageuhgeuykeun kuring: "Sép, iraha rék 
ka Banung?", bari ngecapkeun "nu" na téh ngirung...
>   
>   Asa ngagebeg basa adi kuring ngecapkeun "Bandung" make "d" anu 
bedas pisan. Beu... asa jadi urang wétan yeuh adi kuring téh...
>   
>   Enya kitu?
>   
>   Eh, lain, ari basa lomana "baham" teh naon nya? Maenya "sungut" 
mah?  (Nyambung soal baham, basa lemesna "heuay" teh cenah "patebih 
waos"...  Asa ku teungteuingeun... Padahal mah pan "angob"...)
>   
>   Kanggo Teh Roro (Haturan Tétéh...) Langkung hébring upami nganggo 
kecap  "nénéhna" ti batan "landihan", salajengna "etamah" ulah 
dikantétkeun  nya, dina kalimah Teh Roro anu ieu: "...da etamah 
landihan tina Rosma..." 
> 
>   Cag ah, bisi loba teuing salahna... (Mapatkeun élmu Kang Dudi-na 
masih léléngkah halu yeuh...)
>   
>   AJ
>   
> Dina Yuliana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:  mairan ah.
> 
> salian resep nambihan 'awalan' E, urang sunda mah resep kana hurup H
> dina tungtung kecap.  pan kawentar US mah, upami nyarios bahasa
> indonesia janten 'gituh', 'gimanah', ...jsb.
> 
> malih, di keluarga pun biang, ampir sadaya jenengan ditungtungan ku 
H
> contona: Amih, Ratmanah, Enah, Enih, Damah, Katmanah, ...
> 
> baktos
> 
> On 6/21/06, Dudi Herlianto  wrote:
> >
> >
> > wassalamu'alaikum,
> >
> > heu heu heu.. enya nya (pan sadayana ge pernah janten) wanoja 
sunda nu hebad
> > (baca: kawentar) seueur nu namina dimimitian ku E (sadaya e). E 
rot, E roh,
> > E cot, ayeuna mumbul E noy. tah jigana hal ieu aya marga 
lantaranna. cek
> > kuring salah sahijina nyaeta karesep urangSunda ngamimitian kecap 
ku E. jika
> > rok (baju awewe handap) jadi E rok. nok (panggilan keur awewe) 
jadi E nok.
> > pom jadi E mpom. neng jadi  E neng. ieu nami si euceu roro ge oge 
rosma ->
> > ros ->  E ros. jigana mah nami wanoja sunda nu diluhur ge nenehna 
tina nami
> > nu saestuna. jiga neng E roh mungkon wae nami saleresna mah Neng 
Rohmah...
> >
> > heu heu heu meureun kitu ge, peryogi panalungtikan nu langkung 
jero deui...
> >
> > dh
> > On 6/21/06, Roro Rohmah  wrote:
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > > Wa'alaikumsalam Wr. Wb.
> > >
> > >
> > >
> > > Ngiring ngamairan aaah….
> > >
> > >
> > >
> > > Walah salamet euy….! Asa teu gaduh kawajiban kedah punjul tinu 
lian.
> > Sanaos teu acan sepuh, tapi engke ge pasti janten Emak-emak, 
untung abdi tos
> > "bruk-brak" yen nami teh sanes Eros, da etamah landihan tina 
Rosma…heheh.
> > Tapi ketang panas mah panas yeuh… naha nu payuna hurup E wungkul 
nu hebat
> > teh?...Ah, ketang saha nu terang… iwal ti E, nami nu diawalan 
tina A dugi ka
> > Z tiasa janten jalmi nu aya mangpaatna kanggo 
balarea?....Wallahu'alam.
> > >
> > >
> > >
> > > ro2
> > >
> > > nutadinaeros
> > >
> > >
> > >
> > > .
> > >
> >
> >
> >
> > --
> > ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
> > :.lembur deudeuh.:
> > http://banjarasih.blogsome.com 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>  
> Yahoo! Groups Links
> 
> 
> 
>  
> 
> 
> 
> 
> 
>               
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups gets better. Check out the new email design. Plus 
there's much more to come.
>






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Something is new at Yahoo! Groups.  Check out the enhanced email design.
http://us.click.yahoo.com/R0DZdC/gOaOAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke