. Perkawis DI/TII aya bukuna :
1. Darul Islam, Sebuah Pemberontakan/ C.Van Dijk/Grafiti/citakan ka opat taun 1995. Dina ieu buku dirinci diunggal daerah teu mung di Jabar wungkul.
2. Kewibawaan Tradisional, Islam dan Pemberontakan, Kasus Darul Islam di Jawa Barat/Karl D Jackson/Grafiti/1989 (teu aya salambar dina judul lebet biasana sok diserat taun terbit, anu diserat 1989 eta mah panganteur ti penerbit), buku ieu husu nyerat perkawis DI di Jabar.
3.Serial Musuh-musuh Darul Islam, sepak terjang KW9 Abu Toto menyelewengkan NKA-NII Pasca SM Kartosuwirjo/ Al Chaidar/Madani Press/ citakan ka 2 taun 2000, buku ieu mah ngupas mengparna Abu Toto ( Panji Gumilang).
 
Catetan : C Van Dijk, guru besar di Univ Lieden mata kuliah Sejarah Masyarakat Islam Mutakhir di Indonesia.
Karl D Jackson, kungsi jadi dosen di Berkley, bukuna ieu desertasina.
Al Chaidar, dina bukuna teu aya katerangan saha-sahana.
 
Buku buku ieu aya di sim kuring mung sim kuring teu acan maca kalawan daria ieu buku buku teh, nembe saulas sausap, kitu ge bari dijojoan, pangna sim kuring ngajengkeun ieu buku utamina no.1 sareng no.2 sugan we ari kenging bangsa deungeun mah ajen sajarahna enyaan lempeng teu dipangaruhan ku kapentingan, atanapi...boa boa sabalikna..he he....!!
 
MSas
 

Re: Sajarah  Tatar Sunda (Ti DI nepi ka NII-KW9)..kanggo kang Kuncen

Posted by: "brad porenges" [EMAIL PROTECTED]

Tue Jun 20, 2006 6:06 am (PST)

Rada kabongroy hoyong ngiringan keun we disebat lauk buruk milu mijah oge. Sateuacanna nyungkeun dihapunten...hehe (seuri leutik duka isin duka gumasep!)

Keur budak abdi resep ari nanggap sepuh nyarioskeun jaman "gorombolan" DI/TII teh. Boh sepuh-sepuh atanapi urut-urut tentara/laskar, kaleresan anu sok maracul+magawe di pun bapa seueur nu tilas anggotana. Si mamang-mamang teh sok nga"demo"keun tilas keuna pelor keur perang sareng tentara, aya anu dina tonggong, suku, leungeun jeung rea-rea deui. Awalna mah abdi sok sieun...tapi tos lami mah loma tungtungna abdi sok remen diarakod aranjeuna.

Oge teu ka kantun anu ngiringan operasi "pager betis" di tanggap oge. Mung anu janten buktos kana ayana gorombolan eta, salah sahiji pun paman ditilasan nuju pancen ngaronda.

Anu matak rada-rada "seuri" (duka tah seuri jenis nu mana?), maca dina buku kagungan Mang Ajip, Hurip Waras ?, saurna nuju nguriling ka tatar sunda waktos bade ngayakeun Kongres Pamuda Sunda taun 50 han tea, kantos ngobrol sareng masyarakat, saurna teh upami teu lepat, " Pak Karno jeung Pak Karto teu mufakat, Mang Karta nu kateumleuhan susahna"...hehe (seuri leutik, ngabelehem sigana rada pikasebelen ieu mah!)


baktos,


brad



MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@yahoo.com> wrote:
Harur nuhun kana informasina. Sigana terbitan taun tos
lawas hese milarianana, ngan aya di perpustakaan
perpustakaan (tertentu). Ari soal data dina buku,
sigana beuki kadieu, beuki lengkep ku data-data
panalugntikan sareng tambahan informasi ti sababarha
sumber.
Kumaha cara nganilai hiji buku lengkep tur akurat
jeung bisa dipercaya eusina? Nya ku cara
ngabandingkeun jeung buku-buku sanesna anu ngupas
masalah nu sami.
Tah, kusabab kitu, di lingkungan akademik (paguron
luhur) mah, lamun urang hayang nyekel kasahihan hiji
pendapat teh, ku cara ngabandingkeun jeung neangan
informasi ti sababaraha sumber, dibandingkeun,
dianalisa, anu ahirna ngahasilkeun hiji pendapat atawa
urang rek nyokot/cenderung pro kana pendapat anu mana,
aya dadasar alesanana.

Loba pisan buku anu medarkeun Perkara Kartosuwiryo,
aya sababraha versi, salah sahiji diantarana versina
pamarentah anu aya di perpustakaan Satria Mandala
(saperti anu diwawarkeun ku Apih Sidik, kasaksianana
Amir Fatah ka Sarwo Edhie, pupuhu salah sahiji faksi
DI/TII di Jawa Tengah). Dimana kasaksian ieu, heunteu
disabit-sabit dina makalah kang Iskandar (ahli
sajarah/dosen FIB UI). Waktu kuring naros ka Kang
Iskandar perkara "pangakuan" Amir Fatah ieu, cenah mah
informasi ieu teh teu pernah disebut-sebut dina buku
anu tos beredar diluar.

Pami kang Nana tiasa ngopi atawa ngadadarkeun
ringkesean dua buku eta, tiasa jadi nambihan informasi
kanggo baraya KUSnet. Tapi anu jelas, perjuangan NII
KW9 tos heunteu sajalan deui jeung DI na
Kartosuwirjo. Trik-trik perjuangan atas nami agama anu
dibiuskeun ka generasi muda anu jadi umpan pikeun
nyiar banda pakaya para pamingpina anu aya di
pasantren Azzaitun Haurgeulis Indramayu.

baktos,

mrachmatrawyani

--- Nana Tea wrote:

> Kang Kuncen Kasep
>
> Ngenaan Sejarah DI Jabar, akang langkung sae maca
> Buku biografi SMK (Sekamadji Meridjan
> Kartosoewirjo), anu ditulis ku Pinardi, diterbitkeun
> ku ARYAGUNA (1964)
> Aya oge tulisan Amak syarifudin, judulna abdi
> hilap, tapi pami teu leupat mah Kisah SMK dan
> Menyerahnya, Penerpit Grip, Surabaya (1965).
>

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links


---------------------------------
How low will we go? Check out Yahoo! Messenger’s low PC-to-Phone call rates.
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke